ROHANG ISTRI: KOLOT KALAPA

Di lembur Sukasenang aya hiji sepuh hirupna kari nyorangan, da salakina geus maot. Anak-anakna geus marisah jauh ti lembur, baroga kulawarga sewang-sewangan. Eta sepuh teh katelah Nini Asih, lantaran sikep jeung paripolahna sok nembongkeun kaasih ka sasama, someah tur akuan ka sing saha bae. Ku nu ngora dipikolot, ku nu sapantaran dipiconggah. Kituna teh ti ngongora, nu matak pada mikaserab jeung pada ngajenan, malah mah sok dipentaan bongbolongan ku kaom istri anu ngarora keneh.

Harita wanci haneut moyan, sakumaha biasa Nini Asih keur beberesih di buruan imahna. Aya balong leutik anu sakurilingna dipelakan ku sarupaning tutuwuhan, kayaning sereh, jahe, koneng jeung sajabana.

Barang keur jongjon, kurunyung aya nu datang hiji awewe. “Aeh geuning Euis, sok atuh ka jero.”

Euis nyurungkeun panto pager tuluy asup. Pok Euis nyarita, “Hapunten, Nini, abdi ngarewong, bade tumaros kempelan kaom istri tea, cios enjing?”

“Cios atuh, ieu Nini teh keur tatantatan, ngarah isukan tumaninah,” tembal Nini Asih.

“Oh, muhun atuh ‘pami kitu mah abdi oge bade tatan-tatan supados enjing tiasa jongjon, pan sakantenan bade milih pupuhu tea nya?”

“Enya, bener pisan, Euis oge kudu sayagi lamun engke dipilih teh.”

Kacaturkeun poe isukna, kaom istri nu kolot, nu ngora geus mimiti daratang. Sanggeus cunduk kana waktu, jung Nia nantung rek ngamimitian acara.

“Para wargi kaom istri sadaya, sim kuring ngahaturkeun nuhun kanggo kasumpingannana. Ku kituna hayu urang muji sukur ka Gusti nu Maha Suci wireh ku kersaning Mantenna urang sadaya aya dina kawilujengan. Sateuacan urang ngalaksanakeun pamaksadan kanggo milih pupuhu, langkung ti payun urang bade dibekelan ku pedaran Pangandika Gusti anu bade didugikeun ku ibu Patimah. Mangga, Ibu, nyanggakeun waktosna.”

Jung ibu Patimah cengkat tuluy nangtung. Geus kitu pok ngamimitian nyarita, “Kaom istri anu dipikaasih ku Gusti, hayu urang sami-sami perhatoskeun wejangan Ki Rasul ka Timoteus.”

Inget oge kana iman kapercayaan hidep anu iklas sakumaha Lois nini hidep jeung Enika indung hidep. (2 Timoteus 1:5)

Ki Rasul ngemutan yen Timoteus kedah emut kana iman anu parantos dipilampah ku Lois, ninina, sareng Enika, ibuna. Ku naon margina? Tangtos iman nini Lois parantos diuji sanes iman anu mung saukur diucapkeun, nanging parantos dilampahkeun dina kahirupan sadidinten.

Nini Lois gaduh iman anu kuat sok sanajan hirup di lingkungan jalmi-jalmi anu teu acan percanten ka Gusti. Anjeunna mere atikan Kitab Suci ka incuna ti leuleutik sangkan boga iman anu panceg, mintonkeun kanyaahna ka kulawarga, oge ngabuktikeun kasatiaan tur kasabaran nyanghareupan sagala rupa rintangan dina kahirupanana. Dugi ka nini-nini, Lois masih tetep panceg imanna.

Iman anu samodel kitu kalintang ageung pangaruhna pikeun kahirupan Timoteus. Kajabi ti eta anjeunna oge ngarojong sangkan incuna daek ngalalayanan Gusti.

“Ayeuna, hayu urang nulad kana kahirupan nini Lois, boga iman anu bisa mere pangaruh hade pikeun jalma-jalma di sabudeureun urang. Sakitu nu kasanggakeun pedaran dinten ieu mugia tiasa janten berkah kanggo sadaya kaom istri anu sami-sami hadir. Mangga nyanggakeun waktos salajengna ka ibu Nia salaku pamangku acara,” ceuk bu Patimah.

“Hatur nuhun, Ibu,” ceuk Nia.

Acara diteruskeun kana milih pupuhu kaom istri. Keretas jeung patlotna dibagikeun, tret nyarerat nami anu saluyu sareng manah sewang-sewangan. Tuluy keretasna dikumpulkeun kana baskom leutik nu disayagikeun.

“Hatur nuhun,” Nia neruskeun omonganana, “ayeuna urang etang saha anu kapilih janten pupuhu.”

Sanggeus beres diitung, Nia nangtung deui, pok nyarita deui, “Anu kapilih janten pupuhu teh nyaetaaa… Nini Asiiiih….” Gersarerea surak dumeh ngarasa panuju ka anu kapilih.

Nini Asih ngan bati nyerengeh leutik, bari pokna, “Hatur nuhun ka Ibu-ibu kanggo kapercantenanana, mugia tiasa dipidamel ku pitulung sareng kakiatan anu sumpingna ti Gusti.”

“Amiiiin,” tembal sarerea ragem.

“Mugia urang sadaya tiasa sasarengan diajar ti nini Lois sok sanajan tos sepuh, tetep panceg iman sarta janten tuladan,” ceuk Nini Asih.

Saur paribasa mah ‘layung hibar wanci sareupna’. Hartosna tetep caang sanajan geus meh sareupna.

“Aya babasan nu nyebatkeun ‘kolot kalapa’, nyaeta beuki kolot beuki loba mangpaatna. Hartosna sanajan urang geus kolot kedah tetep jadi berkah pikeun sasama,” ceuk Nini Asih mungkas caritaanana.

Acara dipungkas ku Nia. Geus kitu mah tuluy balakecrakan bari suka bungah.

Ku: Saidah