Gaduh kahirupan kulawarga anu sae mangrupikeun impenan unggal jalma. Nanging, ti saprak dibabarkeun, eta impenan henteu jadi bagian tina kahirupan kuring. Sim kuring, Nono Suherlan, ditinggalkeun ku pun bapa. Pun biang kapaksa bajoang pikeun nedunan pangabutuh anak jeung diri sorangan.
Sanggeus dewasa, sim kuring sering ngabandingkeun kulawarga sorangan jeung kulawarga batur, asa araneh. Naha kahirupan kuring mah henteu alus saperti maranehna.
Ku jalan ngabanding-bandingkeun, kuring jadi sok ambek-ambekan, terus manjangan jadi ngewa pisan ka nu jadi bapa. Kalawan henteu sadar, ieu kangewa ngawangun karakter kuring jadi bedegong, gede ambek, resep kana kagorengan. Hal ieu lumangsung nepi ka umur kuring kira-kira 15 taun.
Sanggeus tamat SMP, kuring teu bisa neruskeun ka SMA sabab taya waragadna. Ahirna kuring digawe di rumah tangga salami 3 taun. Harita kuring sok nanya ka diri sorangan, ‘naha hirup kuring jadi kieu, henteu siga batur?’
Poe ka poe, minggu ka minggu, bulan ka bulan, taun ka taun, sigana hirup kuring teu robah. Sadaya anu kuring dilakonan ngan nyalahkeun Gusti Allah jeung ngarasa yen Mantenna henteu adil dina hirup kuring.
Hirup kuring karasa kosong jeung taya hartina. Sabot kitu kurunyung sobat kuring, ngajakan ka acara nonoman. Di dinya, kuring ngarasa ditegor jeung diberkahan ku dawuhan Gusti anu didugikeun.
Hate kuring karasa diragap ku Gusti Allah; anu tadina heuras, ayeuna jadi leuleuy. Harita oge kuring menta panghampura ti Gusti pikeun sakabeh dosa kuring, sarta kuring narima Gusti Yesus salaku Jurusalamet pribadi. Kuring yakin yen Roh Suci barang damel dina hirup kuring.
Respon kuring narima Gusti Yesus salaku Jurusalamet pribadi, nyaeta kuring mimiti ilubiung dina Sakola Minggu, kaom muda, jeung ibadah umum. Ku kituna kahirupan rohaniah kuring ningkat dibandingkeun jeung kaayaan samemehna.
Kaayaan kuring karasa leuwih hade deui nalika dibere kasempetan nuluykeun atikan SMA. Kuring disakolakeun ku almarhum bapak Karya Setia Taska, anu dianggo ku Gusti jadi berkah keur kuring.

Sanaos geus rada kaliwat umurna, sumanget kuring pikeun diajar teu ngurangan, pangpangna dina ningkatkeun diri sangkan wuwuh hade. Buktina nincak umur 21 taun, kuring lulus SMA. Ieu bukti panyarengan Gusti anu maparin sumanget ka kuring dina diajar.
Sanggeus tamat SMA taun 2015, kuring neruskeun ka STTB (Sekolah Tinggi Teologi Bandung), ngarespon panyaur Gusti. Prosesna henteu gampang. Tapi karakter kuring dibentuk ku Gusti Allah, nambahkeun rupa-rupa kaahlian jeung pangaweruh, sarta kahayang hate wuwuh deukeut ka Mantenna, tur miboga kaasih Gusti keur sasama.
Ku ayana pamahaman teologi, kuring ngamimitian praktek palayanan di GPdI Ora Et Labora, Majalaya, sarta mimiti kenal ka Elliya anu ayeuna jadi pamajikan kuring. Panggihna jeung Elliya oge unik pisan. Mimiti silih kenal di palayanan Sakola Minggu, sabab sarua resep kana palayanan barudak.
Rengse praktek pelayanan di GPdI, kuring kudu latihan di tempat sejen. Tapi komunikasi jeung Elliya tetep lancer, malah mah beuki raket.
Ahirna Elliya jeung kuring tunangan bulan Januari 2024, sarta nikah bulan Juni 2024. Nikah sareng Eliya mangrupikeun komitmen kuring pikeun janten pasangan hirup anu lengkep.
Rumah tangga kuring masih ngora pisan, tapi kuring jeung Elliya tetep ngadoa masrahkeun ieu rumah tangga ka Gusti. Pamugi Gusti teras nyarengan sarta ngabingbing kahirupan kulawarga kuring.
Nalika urang diproses ku Gusti, memang teu pikaresepeun. Seueur hal anu ngajantenkeun kuring hamham, ‘Naha Gusti teh aya?’ Tapi nalika urang ngawitan mukakeun hate ka Gusti Allah, kahirupan urang ditembrakkeun ka Mantenna, kanyeri hate tur emutan urang bakal damang.
Hate tur emutan ditembrakkeun ka Gusti, sarta dicaturkeun ka badega Gusti, tanwande bakal ngemplong. Ku alatan balaka ka badega Gusti, anjeunna oge dipaparin bongbolongan ku Gusti pikeun ngadamangkeun kanyeri hate kuring. Jangji Gusti anu kaserat dina Alkitab jadi papakon hirup kuring. Gusti Yesus ngaberkahan para pamaos.
