Pangjajap
Hirup urang salawasna mayunan pilihan jeung kaputusan. Kadang urang bingung, milih jalan mana nu rek dijugjug, antara kahayang, katengtreman hirup jeung bebeneran, jadi matak susah dilakonanana. Unggal rek hirup bener, lempeng, sangkan bisa nepi kana tujuan anu dipikahayang, kalah jadi loba masalah anu matak rarudet. Malah mah bisa matak sasab jalan.
Jalan jalma bener jeung jalan jalma jahat
Dina kitab Siloka pasal 4 ayat 18-19, diserat, “Lalampahan jelema anu satuhu, saibarat srangenge medal, beuki beurang beuki caang. Ari nu jahat mah sarua jeung leumpang dina poekna peuting, blug labuh, duka titajong kana naon, da matana teu nenjo.”
Jalan jalma bener, caang, tapi jalan jalma jahat mah poek. Leumpang di nu poek mah teu bisa ningali naon-naon, antukna bisa labuh. Sabalikna, leumpang di nu caang mah bakal amann epi ka tempat anu dijugjug.
Kecap “leumpang” di dieu ngalambangkeun sikep tur laku lampah manusa. Jalma anu gaduh hikmah sami sareng jalma anu lumampah dina bebeneran, anu ahirna baris nampi kasugemaan sarta hirup nu sajati di lebet Gusti.
Panulis kitab Siloka oge ngagambarkeun jalan jalma bener lir cahya panon poe anu medal, beuki caang nepi ka tengah poe. Jalma samodel kieu apal ka mana arah hirupna, ka mana kudu ngalengkah. Anjeunna ngalengkah di jalan anu beuki caang.
Sabalikna jalan jalma jahat mah poek, teu apal ka mana arahna, antukna titajong, blug labuh. Kacida susahna leumpang di nu poek. Nya kitu jalan jalma jahat mah. Jalma jahat sok resep muji sorangan, malah mah bisa nyapa ka Gusti. Nu jarahat nyombongkeun napsu-napsu jahatna, nu harawek nyapa sareng nganistakeun PANGERAN. (Jabur 10:3). Jalma jahat teu apal arah nu bener, antukna sasab.
Juru Jabur ngagambarkeun jalma jahat lir hut katiup angin (Jabur 1:4). Hirupna kosong, ahirna teu walakaya dina mayunan rupa-rupa ujian hirup.
Memang sakapeung jalan hirup jalma jahat teh senang, kawas nu teu aya halangan dina hirupna, malah mah kawas anu genaheun dina ngahontal kahayangna. Tapi masing waspada sabab eta teh jalan nu jahat, anu ahirna bakal cilaka. Nu mawi upami urang mikaasih ka Gusti, urang kedah nyingkahan jalan jalma jahat.

Beuki beurang beuki caang
Caang moal mungkin dibunikeun, sanajan leutik oge bakal tembong di nu poek. Nya kitu deui jalan hirup jalma bener bakal beuki katembong ku sadunya.
Kahirupan jalma bener mah di nu caang, laku lampahna katembong ku batur. Kahirupan jalma anu percaya ka Gusti sakedahna beuki beurang beuki nulad ka Kristus, wuwuh hirup dina bebeneran Gusti.
Pangersa Gusti nyaeta sangkan hirup urang jadi caang keur sasama. Gusti Yesus misaur, “Maraneh di dunya teh minangka caang….” (Mateus 5:14a), ku jalaran kitu, “Caang maraneh ge kudu mencar ka sarerea, sangkan dipiconto kalakuan maraneh nu hade, supaya batur teh ngamulyakeun ka Rama maraneh nu jumeneng di sawarga.” (Mateus 5:16).
Dina hal ieu jentre pisan yen kahirupan jalma anu jadi caang mah kudu bisa maparin kahadean keur sasamana. Saur dawuhan Gusti: … saibarat srangenge medal, beuki beurang beuki caang. Hartina kahirupan jalma bener mah kedah tetela dina pari polah sadidinten, sangkan kahadeanana katembong ku batur.

Kumaha sangkan bisa jadi jalma bener?
Dupi pikeun jadi jalma bener di tengah dunya nu pinuh ku kajahatan teh gampil? Henteu gampil. Aya anu nyarita, leuwih gampil jadi jalma bageur tinimbang jadi jalma bener. Ieu kanyataan anu dipayunan ku urang.
Jadi jalma bener hartina siap jadi mahiwal, teu umum jeung batur, demi kamulyaan Kristus. Pengkuh nalika batur salah ngarti ka urang, sarta henteu narekahan supaya nyenangkeun unggal jalma. Balukarna urang sok dipikangewa ku batur, dipoyok, dihina, jeung nandangan rupa-rupa sikep goreng ti batur.
Intina mah salaku jalma anu dosa, tangtu sikepna patukang tonggong jeung bebeneran. Sok sering urang milih tur ngalampahkeun hal goreng tinimbang anu saluyu sareng dawuhan Gusti. Dosa anu nyababkeun kitu teh. Dosa, bener-bener nyababkeun manusa jadi jauh ti Gusti Allah, malah mah baha ka Mantenna. Nu mawi susah pikeun jadi jalma bener teh. Kumaha atuh?
Alkitab netelakeun yen kabeh geus dosa, jarauh ti Allah anu iasa nyalametkeun (Rum 3:23). Manusa anu geus dosa pamohalan bisa hirup dina bebeneran. “Saurang ge taya nu bener.” (Rum 3:10). Mangkaning upahna dosa teh maot (Rum 6:23a). Hartina, taya jalma anu bener lantaran dosa.
Ku kituna, sadaya jalma bakal binasa, sabalikna kurnia Gusti Allah mah nya eta hirup langgeng sarta ngahiji jeung Kristus Yesus Gusti urang (Rum 6:23b). Jadi, mung ku jalaran sih kurnia Gusti Allah, urang bisa disalametkeun.
Teu aya anu bisa ngabenerkeun urang salian ti Gusti Allah ku Manten. Jalma bisa diangken bener atawa salah ku Gusti Allah, sanes ku karana laku lampah hade, tapi ku jalaran iman ka Gusti Yesus Kristus.

Urang diangken bener ku sabab iman. Nya iman eta teh paparinan tu Gusti Allah. Pamohalan urang bisa jadi jalma bener tanpa padamelan Gusti Allah dina hirup urang.
Rasul Paulus negeskeun mengatakan: “Sanggeus urang diangken bener deui ku Gusti Allah ku jalan percaya, urang teh ku Gusti Allah dirapihan deui ku jalan Yesus Gusti urang.” (Rum 5:1). Jadi, pangna urang bisa diangken bener teh ku jalaran pangersa Gusti Allah anu milih urang sangkan jadi jalma bener.
Salajengna Gusti Allah meredih sangkan urang kedah hirup dina bebeneran. Jalma bener moal geumpeur tur hariwang di nu poek sabab Gusti ku Manten anu janten caangna.
Larapkeuneun
Din hirup ieu seueur tawisan, gogoda, cocoba anu ngarahkeun urang kana jalan nu salah. Ieu anu jadi tangtangan iman pikeun jalma nu percaya ka Gusti Allah.
Salaku jalma bener anu geus narima nugraha ti Gusti Allah, urang kedah milih hiji jalan anu bener nyaeta jalan Gusti. Milih jalan Gusti hartina hirup dina bebeneran nyaeta ngajadikeun dawuhan Gusti salaku caang pikeun jalan urang.
Hirup jalma teh lir ibarat perjalanan anu Panjang. Di satengahing jalan, urang bakal mendakan kanyataan hirup anu pinuh hahalang. Tapi eta perjalanan kudu ditempuh nepi ka tungtung.
Masing percaya yen urang bakal mampuh ngarengsekeun perjalanan urang jalaran Gusti Yesus salawasna nyarengan urang. Terus jadi jalma bener dugi ka ahir hirup urang. Amin.
Ku: Bp. David S., S.Th.