BAGJA MERE BATAN NAMPA

Tilu taun lamina rasul Paulus nyambat palayanan Gusti di jamaah Epesus (Rasul-Rasul 20:31). Malih anjeunna ngabina para murid di rohangan perpustakaan Tiranus anu aya di Epesus salami dua taun (Rasul-Rasul 19:9). Sanaos palayanan anjeunna di Epesus seueur gangguanana (Rasul-Rasul 19:21-40), namung anjeunna sareng jamaah Epesus kagungan hubungan batin anu kalintang endahna.

Nalika rasul Paulus bade mulang ka Yerusalem ti Makedonia, henteu cekap waktos kangge sindang ka Epesus. Anjeunna sindangna di Mileta, hiji palabuhan kiduleun Epesus. Namung ku margi deudeuh dibarung hariwang, anjeunna ngaraos peryogi tepang kangge ngiatkeun para pamingpin jamaah Epesus. Para pamingpin jamaah Epesus disaur supados mendakan anjeunna di Mileta.

Dina tepangan eta, rasul Paulus negeskeun yen para pamingpin jamaah Epesus moal tiasa tepang jonghok deui sareng anjeunna (Rasul-Rasul 20:25). Margi ti kawit harita anjeunna janten tawanan Roh, dipundut ku Roh Suci kedah ka Yerusalem (Rasul-Rasul 20:22), malih anjeunna negeskeun yen panjara ngantosan anjeunna (Rasul-Rasul 20:23). Tos tangtos ucap paturay anu sapertos kitu nyumpingkeun kasedih ka nu ngadanguna (Rasul-Rasul 20:37-38).

Sajabi hal bahaya anu bakal kaalaman ku rasul Paulus, anjeunna oge ngemutan yen jamaah Epesus kedah dibina hade-hade margi bakal kasumpingan guru-guru palsu anu bakal nyasabkeun jamaah (Rasul-Rasul 20:29-31). Rasul Paulus oge ngemutan para pamingpin jamaah Epesus supados aranjeunna nyonto

sikepna dina ngalaksanakeun panyaur Gusti janten badega-Na. Anjeunna sanes badega Gusti anu mung namprak ngantosan kintunan bantosan. Anjeunna barang damel, anjeunna kagungan pacabakan pikeun nyukupan pangabutuh dirina malih rerencangan rombonganana. Anjeunna seregep ngadamel, ngangge tanagina; leres-leres henteu ngandelkeun bantosan ti jamaahna (RasulRasul 20:34). Rasul Paulus kagungan sikep anu sapertos kitu ku margi anjeunna ngemut kana piwulang Gusti Yesus, “Leuwih bagja mere batan nampa” (Rasul-Rasul 20:35).

Piwulang Gusti Yesus
Piwulang Gusti Yesus janten dadasar kangge kamandirian pelayanan rasul Paulus. Anjeunna kagungan kayakinan yen piwulang Gusti Yesus sanes mung kangge didangu, atanapi diapalkeun wungkul, namung eta piwulang teh kedah dilarapkeun dina kahirupan sadidinten. Piwulang Gusti Yesus anu disebat ku rasul Paulus eta henteu kaserat dina kitab Injil anu opat tea, namung rupina rasul Paulus ngadangu piwulang eta ti rasul Petrus atanapi rasul sanesna.

Tiasa janten piwulang eta parantos janten kayakinan umum di antawis muridmurid Gusti. Leres, dina Injil urang henteu mendakan kecap sapertos kitu namung eusi piwulang sapertos kitu seueur dicatet dina Injil.

Contona dina Injil Mateus 10:8, Gusti Yesus negeskeun yen para murid-Na kedah sayagi masihan bantosan ka nu meryogikeun. Piwulang sapertos kitu kagungan hartos anu sami sareng piwulang ageung berkah anu masihan batan anu nampi. Tangtos tujuan piwulang eta taya sanes nyaeta supados urang ulah mung namprak. Uramg kedah sayagi usaha kangge nyekapan kaperyogian, malih tiasa ngabantos anu sanes.

Pacabakan rasul Paulus nyaeta tukang ngadamel tenda (Rasul-Rasul 18:3). Sanaos rasul Paulus getol pisan dina ngalaksanakeun amanat palayananana, nyaeta ngawawarkeun Injil karajaan Allah, anjeunna tetep midamel padamelan janten tukang tenda kangge biaya kahirupan sareng palayananana. Rupina panghasilan tina ngadamel tenda kaetang ageung dugi ka anjeunna tiasa oge ngabantos rencang sapalayanana.

Lumrahna urang Yahudi kagungan kabiasaan nyaeta ngadorong para putrana supados tiasa dagang. Aranjeunna kagungan kapercantenan yen upami jalmi tiasa dagang saurna dimisilkeun sapertos kebon anu dipager, nebihkeun jalmi kitu kana padamelan awon.

Rupina harita di Tarsus, lembur asalna rasul Paulus, ngadamel tenda kalebet pacabakan anu ngahasilkeun seueur artos. Tenda sasarina diangge ku tukang angon atanapi tentara.

Rupina oge ti aalit rasul Paulus parantos diajar ngadamel tenda. Sanaos salajengna anjeunna janten sarjana anu kalintang unggul, namung kabisana ngadamel tenda henteu dugikeun ka leungit. Anjeunna oge henteu ngaraos hina janten tukang ngadamel tenda. Hal eta mintonkeun sikep mulya rasul Paulus nyaeta tebih tina kasombongan.

Kabisa sapertos kitu ku anjeunna dimangpaatkeun kangge ngarojong palayanan ngawawarkeun Injil karajaan Allah. Piwulang sareng conto ti Gusti Yesus parantos matri dina diri sareng palayanan rasul Paulus.

Tuladan Rasul Paulus
Rasul Paulus miharep para pamingpin jamaah Epesus nyonto sikep hirup sareng palayanana (Rasul-Rasul 20:35). Malih dina seratna ka jamaah di Tesalonika, rasul Paulus nyabit hal tanggel waler pribadi patali sareng padamelan kangge nyekapan kaperyogian hirupna.

Rasul Paulus ngemutan jamah Tesalonika yen anjeunna parantos masihan conto. Anjeunna saregep barangdamel, tebih tina hirup kedul. Anjeunna siang wengi banting tulang ngadamel, maksadna ngarah henteu nyesahkeun jamaah. Malih anjeunna ngawulang yen anu embung digawe mah tong dibere dahar (2 Tesalonika 3:7-10).

Nasehat kangge ngajantenkeun dirina dina hal henteu bau nyambat damel, saleresna mangrupi panegesan anu kadua kalina. Dina seratna anu kahiji ka jamaah Tesalonika ieu, rasul Paulus oge ngajak jamaah supados nyonto dirina.

Malih anjeunna negeskeun barang damel kangge nyumponan kaperyogian hirup teh mangrupi kasaksian hirup anu pinuh tanggel waler. Hirup anu kitu tiasa nyumpingkeun pangajen ti jalmi-jalmi anu henteu acan percanten ka Gusti Yesus (1Tesalonika 4:11-12).

Rasul Paulus nyambat panyaur Gusti Yesus kangge ngawawarkeun Injil karajaan Allah. Anjeunna janten rasul lintas budaya anu wilayah palayanana lega pisan. Opat propinsi utami kakaisaran Rum mangrupi wilayah palayananna.

Sanaos anjeunna sibuk ku palayanan, namung anjeunna henteu ngangge tanggel waler palayanana kangge meredih nyuhunkeun bantosan artos. Anjeunna ngadamel saluyu sareng katiasana, nyaeta ngadamel lajeng ngical tenda.

Sikep rasul Paulus sapertos kitu ku margi anjeunna alim nyesahkeun batur. Sanaos saleresna anjeunna kagungan hak kangge nyuhunkeun bantosan, namung supados pola kahirupanana tiasa janten conto, anjeunna henteu ngangge hakna (2 Tesalonika 3:9).

Sanaos kitu anjeunna oge henteu ngawagel bantosan. Bantosan ti jamaah anu ngaraos kamanah ku Gusti kangge ngarojong palayanan rasul Paulus dina ngawawarkeun Injil, ditampi kalayan bungah (Pilipi 4:10, 15-18). Anjeunna ngaraos bagja margi jamaah Pilipi emut sareng kagungan manah kangge ngarojong hirup tur palayanan rasul Paulus.

Pamugi ieu pedaran tiasa janten eunteung kangge urang kiwari. (PurT).

[Ieu pedaran disarikeun tina seratan bapak Purnawan Tenibemas (Alm.), pedaran LM edisi ka-2 taun 2012]