MANGSA ANU GUMILANG

Ida jeung Eli taun ieu kuliahna geus nepi ka tingkat ahir. Salaku mahasiswa taun ahir Ida jeung Eli leuwih sering babarengan. Maranehna sok silih tukeur pamikiran, ngabahas tugas ahir sarta ngabahas ngeunaan mangsa nu bakal datang sanggeus lulus kuliah. Ku sabab maranehna teh sobat dalit, atuh lamun keur ngobrol teh sok sagala we dibalakakeun.

“Aduh... asa teu percaya nya… kuliah teh geus rengse, tinggal mikiran tugas ahir,” ceuk Ida bari ngarenghap.

“Puguh abdi oge hayang geura rengse tugas ahir oge…,” ceuk Eli bari nyekelan sirahna, “Tapi asa beurat pisan,”

Ida jeung Eli keur jongjon we ngobrol di taman. Sabot kitu jol Darsa, babaturan di kumpulan jamaah.

“Hey… keur naraon euy?” tanya Darsa bari rada ngagorowok, “eta beungeut mani karucem kitu.”

“Aeh, geuning aya kang Darsa,” ceuk Ida. “Leres, Kang, ieu teh keur rarungsing, rarieut mikiran tugas ahir… mani asa meakkeun tanaga.”

“Nu mawi, Kang, ieu teh mikiran tugas mikir, nya mikiran mangsa ka hareup ongkoh,” ceuk Eli rumahuh. “Jaba mun ningali dina media sosial mah siga nu teu aya jaminan yen sanggeus lulus jadi sarjana bisa langsung meunang pagawean… duh…!” ceuk Eli nyaritana kalawan hate anu hamham.

“Euleuh… euleuh… yeuh maraneh mah mikiranana jauh teuing ka hareup,” ceuk Darsa. “Kumaha teu lieur jeung setress, atuh anu acan oge kajadian, geus dipikiran.”

“Tapi da eta mah kanyataan atuh, Kang,” ceuk Ida, “eta anu kaalaman ku urang ayeuna.”

“Enyaaa, beneeer, kaharti pisan ku uing oge,” ceuk Darsa, “sabab uing ge pernah kuliah saperti maraneh.”

“Terus, naon anu dilakonan ku kang Darsa harita?” tanya Eli bari nyerengeh.

“Baheula mah ku uing dipake reresepan we… ceuk barudak kiwari mah ‘enjoy ajah’,” ceuk Darsa. “Ku uing mah dilakonan hiji-hiji, teu mikiran itu ieu heula, sabab mun tuluy we dipikiran, katambah mikiran tugas ahir mah moal bener,” ceuk Darsa negeskeun.

“Urang oge geus nyoba rek enjoy ajah, Kang,” ceuk Eli, “tapi da tetep we kapikiran.”

“Tah, ieu nu kudu dilakonan... menta hikmat ka Gusti, sangkan hirup urang diatur ku Mantenna,” ceuk Darsa, “pasrahkeun kahariwang urang ka Mantenna.”

“Emh... sual ieu mah... tacan pernah dilakonan nya, Da…,” ceuk Eli ka Ida bari rada laun nyaritana.

“Memang… urang teh sok ngandelkeun kakuatan sorangan, rarasaan bisa jeung sanggup, sanajan pinuh loba pisan teu bisana,” ceuk Darsa.

“Emh... enya… bener omongan kang Darsa,” ceuk Eli, “urang sok ngandelkeun teuing kakuatan jeung kabisa nu aya padahal mah eta teh taya nanaon, tungtungna jadi rumahuh.”

“Tah... ayeuna mah... hayu Ida jeung Eli, masing sumanget dina ngerjakeun tugas ahir, laksanakeun hiji-hiji, tong mikiran heula nu lian,” ceuk Darsa teges.

“Muhun, Kang, abdi satuju kana pamadegan kang Darsa,” ceuk Ida, “hayu atuh urang garap tugas ahir hiji-hiji, soalna geus tereh waktuna, kudu dibikeun ka pembimbing.”

“Enya… ayeuna uing oge rek fokus heula kana tugas ahir,” ceuk Eli. “Urang ngarengsekeun kalayan hikmah ti Gusti Allah, pasti bakal beres!”

“Tah... kitu atuh... ieu nu disebut putra-putra Gusti, tetep sumanget...!” ceuk Darsa, “Ida jeung Eli tangtu disarengan ku Gusti Allah.”

“Siap, Kang,” ceuk Ida jeung Eli.

“Hebat... mantap!” ceuk Darsa, “mun pola pikir urang bener, ka hareupna urangpasti diberkahan ku Gusti Allah. Tong sieun ku gosip dina media sosial anu nyingsieunan yen lamun geus lulus kuliah hese neangan pagawean. Tong hariwang! Intina mah urang menta tulung jeung gumantung ka Gusti Allah, tanwande bakal disadiakeun ku Mantenna.”

“Enya... kang Darsa... ti ayeuna mah uing rek ngandel sagemblengna ka Gusti Allah, hamo ngandelkeun kakuatan sorangan,” ceuk Ida, “nuhun pisan nya, Kang.”

“Bener, Kang.... satuju...! Tugas ahirjeung mangsa ka hareup rek dipasrahkeun ka Gusti, ayeuna mah uing rek ngalakonan naon anu jadi bagian uing,” ceuk Eli, “nuhun nya, Kang, geus mepeling ka Eli.”

Ulah sirik ku nu marigawe dosa, anggur sing ajrih ka PANGERAN. Lamun kitu, hidep nyanghareupan mangsa anu gumilang. (Siloka 23: 17-18).

“Puji Gusti... tetep sumanget nya Ida jeung Eli. Gusti nyarengan maraneh dina ngarengsekeun tugas ahir, malah mah mangsa ka hareupna. Ku Gusti geus disiapkeun anu pangalusna,” ceuk Darsa.

Ku: Kang Nono S.