Di hiji lembur leutik, di suku gunung, aya hiji nonoman lalaki nu basajan, ngaranna Ujang Latip. Anjeunna lain jelema beunghar, lain oge anak pajabat desa.
Ujang Latip teh ngan ukur patani biasa, hirup basajan duaan jeung indungna, Bi Eneng. Ti saprak lulus SMA, Ujang Latip tuluy tatanen neruskeun pacabakan bapana nu geus maot.
Ari kahayangna mah kuliah. Tapi manehna kapaksa nuturkeun kaayaan hirupna, tatanen bari ngurus indung di lembur.
Sanajan hirup basajan, Ujang Latip di lemburna kasohor minangka jelema jujur, sabar, hade lampah, tur amis budi. Manehna sok tutulung ka batur nu keur butuh, tara pipilih, saha wae ditulungan.
Lamun aya tatanggana nu gering, Ujang Latip sok nganteuran dahareun, malah mah kadang sok mangmasakeun. Kitu deui lamun aya barudak yatim nu teu boga duit keur sakola, manehna sok nyisihkeun hasil tatanenna pikeun nulungan.
Malah, waktu aya nu nanya ku naon manehna bet bageur ka batur jeung sok barang bere, Ujang Latip ngan ukur seuri. Tuluy manehna ngomong, “Ieu mah kabagjaan kuring.”
Hanjakalna henteu kabeh jelema di lembur resep ka Ujang Latip. Aya oge anu sirik jeung teu mikaresep.
Sababaraha jalma sok ngomong, “Ah, manehna mah sok pura-pura bageur supaya dipuji.”
Aya oge nu ngomong, “Manehna hayang katempo beunghar, padahal ngan ukurpatani biasa!”
Malah aya anu nepi ka nyebarkeun pitenah, nuduh Ujang Latip ngamangpaatkeun warga lemburna keur konten wungkul. Sakapeung Ujang Latip sok ngarasa sedih jeung cape hate ngadenge omongan batur anu mitenah ka manehna.
Hiji mangsa, janari, paroek keneh, waktu batur keur sarare talibra, Ujang Latip indit ka kebon lantaran kudu nyebor pepelakan. Maklum keur usum halodo.
Sabot keur nyebor manehna tanggah, nempo ka langit nu pinuh ku bentang. Tuluy manehna ngomong di jero hatena, “Beu, kacida endahna bentang-bentang teh, ngan hanjakal caangna ukur tingkaretip teu bisa nyaangan kebon kuring.”
Teu kungsi lila aya cahya ti belah wetan, tanda panonpoe geus mimiti mucunghul. Beuki lila eta cahya teh beuki caang, hartina geus waktuna Ujang Latip balik ka imah.
Pabeubeurang, Ujang Latip reuwas ngadenge aya nu ceurik di teras imahna. Barang disaliksik, saha nu ceurik teh, sihoreng teh indungna sorangan.

Bi Eneng ngelap cimata tina pipina bari ngomong ka budakna, “Jang, Ema teu ngarti, ku naon aya jalma nu ngagogoreng hidep, padahal Ema apal hidep teh jelema hade lampah.”
Ujang Latip mani reuwaseun ngadenge omongan indungna. Manehna watireun ka indungna bet nepi ka ceurik.
“Tapi Ema mah percaya, kahadean moal bisa ditutupan,” ceuk indungna, “caangna bakal moncorong sorangan.”
Ngadenge omongan indungna kitu, ras Ujang Latip inget kana kajadian waktu keur nyebor di kebon. Panon poe mucunghul, beuki beurang tambah caang.
Ujang Latip tetep ngalampahkeun kahadean, sanajan hatena kadang kabeulah lantaran sok aya komentar ti jalma-jalma nu teu resep ka manehna. Ujang Latip tetep nulungan, tetep ngadoakeun jalma-jalma nu teu mikaresep ka manehna.
Sababaraha waktu ti harita, hiji poe, datang musibah gede. Mangsa halodo panjang narajang eta lembur. Lahan-lahan kebon jeung sawah beuki garing, taneuh bareulah, pepelakan paraeh. Cai di walungan beuki saat. Urang lembur jadi bingung lantaran geus sababaraha poe hese cai. Lembur teh asup kana mangsa susah.
Dina kaayaan kitu, Ujang Latip boga hiji ide anu tuluy ditepikeun ka sakumna warga. Manehna ngajak sakabeh warga pikeun ngagali sumur. Harita loba warga anu teu satuju sarta nolak.
Aya nu cangcaya. Aya anu ngarasa hoream lantaran ngagali sumur teh lain hal anu babari. Tapi aya oge anu hayang mantuan ngan teu bisa lantaran kaayaan.
Tungtungna Ujang Latip ngagali sumur sorangan. Sakapeung sok dibantuan ku indungna ngakutan taneuh.
Harita Ujang Latip ngarasa keuheul ka warga di lemburna lantaran taya nu mantuan, padahal keur kapentingan sarerea. Untung indungna nu sabar tetep nyumangetan, pok ngomong, “Kahadean teh kudu lir cahya panon poe, teu dipenta ge tetep nyaangan unggal.” Ngadenge omongan indungna kitu, Ujang Latip sumanget deui.
Sanggeus sawatara waktu ti harita Ujang Latip tungtungna manggihan cai dina jero sumur. Caina herang tur mancer minuhan eusi sumur. Bakat ku bagjana, belecet manehna lumpat ka tengah lembur, ngajakan urang lembur pikeun ngala cai ka sumur.
Awalna taya warga nu wanieun lantaran era, rumasa teu mantuan waktu keur ngagali sumur. Tapi Ujang Latip keukeuh ngayakinkeun saha wae meunang ngala cai ti eta sumur keur kapentingan masing-masing.
Urang lembur kacida bungaheunana lantaran geus kasiksa ku halodo panjang. Aya nu nepi ka ceurik lantaran baheula sok ngagogoreng Ujang Latip. Aya oge urang lembur nu nyarita, “Hatur nuhun pisan, Ujang Latip. Kuring salila ieu teu nyangka yen Ujang teh bener-bener jalma bageur.”
Ujang Latip teu ngarasa ambek, malah mantuan ngangkutan cai ka imah-imah warga. Manehna henteu ngunek-ngunek, komo deui make hayang kapuji mah. Manehna ngan ukur ngomong, “Salila panon poe nyaangan dunya, kahadean urang kudu tetep karasa ku batur.”
Lila-lila, kahadean Ujang Latip jadi nyebar. Barudak di lembur mimiti diajar silih tulungan. Nonoman-nonoman jadi sumanget ngayakeun kagiatan sosial. Malah urang lembur anu baheula sirik ka Ujang Latip, ayeuna menta hampura jeung ngahormat ka manehna.

Dina mangsa ngorana, Ujang Latip kasohor minangka “Caangna Lembur”. Sanajan sok disapirakeun, malah teu dipikaresep, kahadean Ujang Latip teu kungsi pareum.
Hirup dina bebeneran memang teu gampang. Kadang kahadean urang teu dihargaan, malah dibales ku komentar negatif ti batur. Tapi ulah pegat pangharepan. Masing inget, caang moal bisa dipareuman ku poek. Sakumaha ceuk Siloka: “Lalampahan jelema anu satuhu, saibarat srangenge medal, beuki beurang beuki caang” (4:18).
Hayu urang jadi caang pikeun batur, sanajan teu kabeh jalma ngarti. Kahadean teu kudu diagulkeun, sabab caang mah bakal moncorong sorangan.
Ku: Kang Dicky