WILUJENG DINTEN NATAL 2025 SARENG TAUN ENGGAL 2026

Natal, 25 Desember


Sanggeus waktuna cunduk, Gusti Allah ngutus Putra-Na ka ieu dunya ku jalan dilahirkeun sakumaha urang ku indung, sarta hirup Anjeunna kaereh ku Hukum Agama (Galatia 4:4).

Data sajarah netelakeun yen Natal teh mieling lahirna Yesus anu dirayakeun ti mimiti taun 160 di Kesarea ku Uskup Teopilus, sarta awal taun 189 ku Dimitrius. Ieu dicatet dina The Coptic Didascalia Apostolorum. Perayaanna dilaksanakeun tanggal 25 bulan Kislew, nyaeta bulan kasalapan numutkeun kalender Ibrani. Tanggal ieu oge sarua jeung tanggal 29 bulan Khyak, bulan kaopat numutkeun kalender Mesir.

Injil Lukas netelakeun yen malaikat Pangeran nepungan imam Jakaria ti rombongan Abia (Lukas 1:11). Dina sajarahna, poe eta patali jeung pesta Yom Kipur (Poe Panebusan Dosa) pas dina bulan Tishri.

Genep bulan sanggeus eta, nyaeta bulan Adar Tseni (bulan ka-13), malaikat Jabrail nepungan Mariam, ngawartakeun ngeunaan kakandunganana anu Ajaib (Lukas 1:26-38). Ieu lumangsung tanggal 15 Adar Tseni. Bulan ka-13 mangrupa bulan tambahan dina kalender Ibrani, dumasar kana puteran bulan, tujuh kali dina 19 taun.

Luyu jeung mangsa kakandungan anu umum nyaeta salapan bulan jeung sapuluh poe, Mariam ngababarkeun di Betlehem tanggal 25 bulan Kislev, nyaeta 25 Desember numutkeun kalender Gregorian, nu dianggo ku urang kiwari. Ieu dadasar pikeun perhetangan jamaah Gusti di Wetan kuna. Ieu perayaan lahirna Yesus diterapkeun ku Paus Yulius I (taun 336- 352) ka Jamaah Rum.

Rupina ieu anu dianggo pikeun nangtukeun perayaan Natal tanggal 25 Desember, ngagentos perayaan lahirna Dewa Panonpoe. Natal jadi perayaan umum sanggeus diayakeun ku Jamaah Rum, anu samemehna ngayakeun perayaan Dewa Panonpoe.

Saleresna dina kanyataanana mah Jamaah di Kesarea geus meh 115 taun ngarayakeun Natal tanggal 25 Desember. Kitu oge Jamaah Aleksandria, 85 taun samemeh Kaisar Aurelian. Tapi ku Jablosky henteu dipalire. Rupina mah Kaisar Aurelian ngahaja milih 25 Desember pikeun ngagagalkeun pangaruh pangiring Gusti Yesus.

Dina Alkitab dicatet yen sanggeus cunduk waktu nincak mangsa, Gusti Allah ngutus Putra-Na ku jalan dibabarkeun ku Mariam (Galata 4:4). Ieu teh nyumponan jangji Gusti Allah yen Mantenna baris ngarapihkeun hubungan sareng manusa anu geus kajiret ku dosa ti saprak Adam jeung Hawa tigebrus kana leutak dosa (Kajadian 3:15).

Ieu teh jalan kasalametan tina hukuman dosa (Mateus 1:21). Natal ngebrehkeun kasampurnaan kaasih Gusti Allah.

Mapag Taun Enggal

“...pijenenganeunana Immanuel” hartina “Allah nyarengan ka urang” (Mateus 1:23). Perjalanan hirup Mariam sanes wuwuh lancar, kalah wuwuh sesah. Salami kakandungan, anjeunna kedah angkat ti Nasaret ka nu tebih, ka Betlehem. Anjeunna malah babar dina kaayaan darurat (Lukas 2:4, 6- 7).

Waktu putrana kira-kira umur dua taun diancam ku raja Herodes rek ditelasan, nu mawi anjeunna sakulawarga kedah ngungsi ka Mesir (Mateus 2:13-15). Puji syukur rehna Gusti Allah nyayagikeun bebekelan kanggo hirup di Mesir, nyaeta tina kikintunan ti tukang ngulik bentang (Mateus 2:11).

Salian kasusah, aya seueur hal anu henteu kahartos ku ibu Mariam sareng bapa Yusup. Ibu Mariam mani reuwas tapi mung tiasa ngalenyepan kana beja anu didugikeun ku malaikat ka para pangangon anu sarumping (Lukas 2:19).

Dina mangsa upacara nyucikeun, hiji lalaki anu soleh nu namina Simeon ngadugikeun piwejang anu henteu kaharti ku ibu Mariam. Saurna, “Ieu murangkalih ku Gusti Allah geus dipilih pikeun jadi lantaran ruksakna urang Israil, tapi oge bakal ngalantarankeun loba urang Israil anu saralamet. Anjeunna bakal jadi hiji tanda ti Pangeran, anu bakal dilawan ku jalma rea, sarta ku lantaran eta rasiah pipikiran maranehna bakal kabuka. Hate Nyai bakal parat ku kanalangsaan lir katembus ku pedang (Lukas 2:34-35).

Kitu oge nalika Gusti Yesus yuswa 12 taun ngawaler pertanyaan para pamingpin agama di Bait Allah. Ibu Maryam sareng bapa Yusup mah henteu ngartoseun (Lukas 2:49-50).

Tina ningal riwayat Natal, urang tiasa mapag taun enggal 2025. Aya anu ngaramalkeun yen taun payun mah bakal leuwih ripuh. Ekonomi beuki beurat. Sumawonna katengtreman mah jauh tina kanyataan. Perang di mana-mana. Bencana alam teu dijamin moal aya. Kaharti pisan upami pangeusi dunya galimir.

Masing kumaha oge, urang kedah ngalengkah maju ka taun enggal. Dua inohong dina Natal munggaran, nyaeta ibu Mariam sareng bapa Yusup, mayunan kabingung, henteu ngarti, tapi kalawan iman aranjeunna ngalengkah ka hareup. Urang tiasa nulad ka aranjeunna

Urang nguping rupi-rupi piwejang anu matak pikagimireun sarta kajadian anu matak pikasieuneun, malah matak ngabingungkeun, atawa henteu kaharti. Tapi aya jangji malaikat ka bapa Yusup nalika masih di Nasaret (Mateus 1:23), kieu: “... pijenenganeunana Immanuel” (hartina Gusti Allah nyarengan ka urang”). Ieu tiasa mengkuhkeun lengkah urang mapag taun enggal.

Gusti henteu ngajangjikeun yen hirup urang bakal mulus, sehat, sarta tanpa kasusah. Tapi sanajan urang nyanghareupan kasusah, bakal tetep mantep jalaran disarengan ku Gusti Allah. Immanuel.


Ieu seratan disarikeun tur ditarjamahkeun ka basa Sunda tina artikel bapa Purnawan Tenibemas (Alm.) dina “Renungan Minggu” sasih Desember 2022 & Januari 2023.