GOLODOG PANTO
Mang Ahe geus lila jadi pagawe di pausahaan anu kerjasama jeung Perusahaan Listrik Negara (PLN). Pagaweanana nyatetkeun meteran listrik saban bulan di unggal imah, nu jadi palanggan PLN. Eta catetan dilaporkeun ka pausahaan, diteruskeun ka PLN, keur tagiheun ka para palanggan PLN.
Biasana sok aya pribumi anu nanyakeun angka anu dicatet tina meteran listrik di imahna. Ku mang Ahe disebutkeun angkana.
Hiji mangsa, sanggeus ditembalan, aya nu nyarita kieu, “Kurangan atuh, Mang, ambeh abdi mayarna ge teu gede, keur loba pangabutuh ieu teh.”
Mang Ahe asa karunya, tuluy dikurangan. Sing horeng pingpinan mang Ahe mah apaleun, heg mang Ahe ditegor, dibere peringetan. Hadena eta pingpinan teh bageur, maparin keneh kasempetan ka mang Ahe tuluy mamatahan, “Eta mah sarua jeung maling.”
Ti harita mang Ahe jangji moal milampah kasalahan deui. Manehna moal mikarunya ka nu salah.
Hiji poe mang Ahe kenging pancen ngalatih pagawe anyar, kumaha carana nyatetkeun meteran listrik. Harita teh mang Ahe datangna rada telat, sabab nguruskeun heula anakna asup ka rumah sakit, jalaran katarajang panyawat usus buntu.
“Aya-aya wae nu disanghareupan meh tungtung bulan teh nya, Mang,” ceuk mang Ito, pagawe anyar tea.
“Nu mawi, Mang,” ceuk mang Ahe, bari imut, “tapi abdi mah yakin, Gusti baris maparin pitulung kalawan aheng!”
Nu duaan terus laleumpang, ngalakonan pancenna. Datang ka hiji imah, jol pribumina nyampeurkeun bari imut.
“Sabaraha, Mang?” tanya pribumi kang mang Ahe.
“25764, Pa,” tembal mang Ahe.
“Ulah sakitu dicatetna, Mang, kurangan atuh,” ceuk eta pribumi bari ngasongkeun amplop, pokna teh, “ieu hatur lumayan, Mang.”
Mang Ahe ukur imut, amplopna teu ditarima, tuluy pokna, “Teu tiasa kitu, Pa. Eta mah sami sareng maling duit nagara ... ceuk basa kiwarina mah korupsi ... dosa ka Gusti.”
Mang Ahe jeung mang Ito ngaleos nuluykeun hancana. Sabot keur laleumpang, pok mang Ito nanya, “Mang, kapan Mamang teh keur butuh jang biaya rumah sakit? Ari tadi aya jalan, bet ditampik?”
“Yeuh, mang Ito... eta mah lain jalan tapi jiret!” tembal mang Ahe, “eta mah tipu daya si Iblis supaya urang kajiret lantaran keur aya pangabutuh.”
Manehna ngajelaskeun ka mang Ito sual kasalahan nu baheula. Manehna nyoreang ka tukang, supaya waspada, supaya ulah kagoda deui ku si Iblis.
“Nu mawi para pangiring Gusti kedah gumantung tur ngandel ka Gusti supaya bisa nandangan tipu daya si Iblis, heg unggul tina dosa,” ceuk mang Ahe.
Mimitina mah teu kaharti ku batur mang Ito. Tapi ku mang Ahe dijelaskeun bari nyutat pangandika Gusti tina Surat Yakobus 4:7, anu kieu ungelna: Ku sabab kitu masing sumerah ka Allah. Iblis kudu dilawan, tangtu kabur ti aranjeun.
Sing horeng anak mang Ahe kapilih jadi pasen anu kenging perawatan haratis ti rumah sakit, dina raraga mieling 50 taun ngadegna eta rumah sakit.
Dina kaca-kaca salajengna bade dibahas langkung jembar tur jero ngeunaan kahirupan anu nyoreang ka tukang, unggul tina dosa. Sumangga para pamaos neraskeun maca kaca-kaca salajengna.