Rohang Utama
Para pamaos, teu karaos urang parantos lebet deui kana sasih anu ngemutan urang kana kaasih PANGERAN ka manusa, ngalangkungan kurban Gusti Yesus Kristus dina kai dipalang. Gusti Yesus parantos ngurbankeun salira-Na sangkan sadaya jalmi anu percaya ka Anjeunna henteu binasa lantaran dosa-dosana, tapi ngengingkeun hirup langgeng.
Urang ayeuna parantos janten putra- putra-Na ku margi sih kurnia PANGERAN, sanes ku margi kahadean atanapi kapunjulan urang. Urang disaur langkung ti payun sarta di tetepkeun janten umat pilihan PANGERAN, ku margi Gusti kagungan tujuan.
Tujuan Gusti nyaeta ngaberkahan urang sarta urang janten berkah keur batur. Sadaya jalmi tiasa ngengingkeun berkah anu sami ti Gusti Yesus, ngalangkungan urang.
Para pamaos, upami urang cumarios perkawis umat pilihan, urang pasti diemutkeun ka bangsa Israil salaku umat pilihan PANGERAN nu munggaran. Nabi Musa mayunan dua tangtangan anu hamo disingkahan, nalika nyandak bangsa Israil kaluar ti Mesir ngajugjug ka tempat anu dipaparinkeun ku PANGERAN.
Tangtangan kahiji, Musa kedah mayunan bangsa-bangsa anu kudu ditalukkeun. Kadua, Musa oge kedah mayunan watek bangsa Israil anu bangkawarah, hese nurut kana papkon PANGERAN.
Masalah anu pangbeuratna kanggo nabi Musa nyaeta mayunan tabeat urang Israil, anu nyababkeun emosina henteu kakontrol. Balukarna anjeunna henteu tiasa lebet ka tempat anu dijangjikeun ku PANGERAN.
Bangsa Israil ti tanah Mesir ngajugjug ka tanah anu dijangjikeun ku PANGERAN meryogikeun waktos 40 taun. Hal ieu dilantarankeun ku tabeat bangsa Israil anu mawa karep sorangan, hese dituyun ku PANGERAN. Padahal upami bangsa Israil henteu mawa karep sorangan sarta tumut kana panuyun PANGERAN moal meryogikeun waktos anu panjang.
Bangsa Israil mindeng pisan nyoreang ka tukang, kana pangalaman heubeul, sarta haroyongeun sapertos di Mesir. Bangsa Israil henteu ningal ka payun, kana rarancang tur jangji PANGERAN.
PANGERAN ngajangjikeun tanah Kanaan anu pinuh ku susu jeung madu. Ieu tanah teh kacida diberkahanana.
Dina motor atanapi mobil, aya anu disebut kaca spion. Saupamina urang ningal terus kana kaca spion, urang henteu konsentrasi ningal ka payun, balukarna tiasa cilaka.

Kaca spion tiasa ditingal mung sawaktos- waktos kanggo ningal kaayaan di tukang. Tapi hartina mah sanes hoyong balik deui ka tukang. Urang oge tampolana sok mindeng sapertos bangsa Israil, nyoreang ka tukang, saolah-olah jaman ka tukang langkung sae ti jaman ayeuna.
Urang dina danget ayeuna masih keneh tiasa ngaraoskeun panuyun PANGERAN, ku jalaran sih kurnia. Namung seueur jalmi anu gaduh pamadegan yen taun 2023 mangrupikeun taun anu beurat tur poek. Pamadegan aranjeunna mah taun-taun kapungkur karaos langkung sae tibatan kiwari.
Henteu aneh upami seueur jalmi anu ngabanding-bandingkeun kaayaan ayeuna jeung kaayaan kapungkur. Seueur jalmi ngawitan nyoreang ka tukang sarta hayang ngalaman deui kaayaan sapertos nu kapungkur.
Kitab Tangis Yeremia 3:22-24, kieu ungelna: Asihing PANGERAN teh taya kandegna, welas asih-Na taya sudana, tetep teger lir hawa isuk, tur pasti lir surya medal. Kaboga kuring ngan PANGERAN, harepan ngan ka Mantenna.
Para pamaos, di taun 2023 urang gaduh pangharepan, ku margi urang gaduh PANGERAN. Mantenna parantos ngawitan nuyun urang lebet kana taun 2023 anu ceuk batur mah taun anu poek, tapi sidik pikeun urang mah mangrupikeun taun anu caang, sabab urang teh putra-putra caang anu ngagebray di mangsa poek.
Gusti Yesus misaur yen urang teh minangka caang anu kudu mencar ka sarerea (Mateus 5:14-16). Dawuhan Gusti nyebatkeun yen urang teh kedah cengkat, sing moncorong kawas panon poe lantaran kamulyaan Gusti ngauban urang sadaya salaku putra-putra-Na (Yesaya 60:1). Kitu deui rasul Paulus negeskeun yen pagawean anu diawitan ku Gusti Allah teh bakal tumuluy jeung bisa anggeus dina poean Gusti sumping (Filipi 1:6).
Ulah Sieun
Sanaos seueur inohong-inohong anu sok ngaramal keur ka hareup, urang mah gaduh Gusti Nu Mahakawasa, Anu nyeperng kadali ieu dunya. Nu mawi dina mayunan kahirupan ka hareup urang ulah dugi ka dikawasaan ku rasa kasieun jalaran kapangaruhan ku omongan-omongan batur anu henteu wanoh ka PANGERAN.
Sabalikna urang masing galede hate sarta terus mengkuhkeun pangharepan ka Gusti Yesus anu baris nulungan sarta hamo nilarkeun urang (Pamindo 31:6). PANGERAN ngandika ka Yosua anu dicatet dina kitab Yosua 1 ayat 9, kitu deui ayeuna Gusti cumarios ka urang, masing teteg sarta yakin, ulah sieun sabab PANGERAN nyarengan ka urang keur ngarengsekeun taun 2023.
Iman anu Gede tur Pengkuh
Iman anu dimaksad di dieu patali sareng kayakinan anu kuat kana kakawasaan PANGERAN, nyaeta yakin yen PANGERAN anu baris nuyun, nyarengan sarta ngamumule hirup umat-Na. Ieu kayakinan dilandasan ku hubungan anu raket sareng PANGERAN.
Jadi jalmi anu hirupna raket sareng PANGERAN pasti moal dikawasaan ku rasa kasieun. Eta jalmi boga kayakinan anu pengkuh yen PANGERAN nyarengan anjeunna.

Nuturkeun Panuyun-Na
Nuturkeun payunun-Na hartosna urang henteu mawa karep sorangan tapi hirup kalayan taat ka Gusti. Pikeun narima panuyun-Na, urang kedah apal kana naon anu janten pangersa-Na, ku jalan diajar tina pangandika-Na. Nu mawi urang kedah getol tur leukeun maos Kitab Suci.
Sok sanajan Gusti kawasa cumarios ngalangkungan kutbah, seratan rohani, impenan jeung sajabina deui, tapi keukeuh patokanana nyaeta Kitab Suci salaku dadasarna. Raja Daud nyebatkeun, “Pangandika Gusti teh lampu pikeun abdi, sinar caang nu nyaangan jalan abdi.” (Jabur 119:105).
Dawuhan Gusti ka Yosua, ngalangkungan nabi Musa, kieu ungelna: PANGERAN ku manten anu baris nuyun jeung nulungan ka hidep. Mantenna moal nguciwakeun hidep, sarta moal ngantunkeun. Ku sabab kitu ulah sieun, ulah salempang (Pamindo 31:8).
Hayu urang janten caang di taun nu poek. Pintonkeun yen dina nyorang taun ieu urang henteu dikawasaan ku rasa kasieun sok sanajan taun 2023 disebatkeun taun anu beurat, sabab Gusti henteu ngantunkeun urang.
Hayu terus wangun iman anu gede anu mintonkeun yen urang gaduh Allah salaku pananggeuhan, sarta teras tuturkeun panuyun-Na ku hirup nu taat ka Mantenna. Gusti nyarengan sarta ngaberkahan urang sadaya. Aminn
Ku: Bpk. Firdaus H., S.Th.