“Cihuuyyy... ahirna laksana oge,” ceuk Jaka ka Raksa jeung Galih. Maranehna kacida barungaheunana sabab kahayangna bisa laksana.
Jaka, Raksa, jeung Galih teh adi-lanceuk. Jaka nu cikal, kelas 4 SD. Raksa kelas 3 SD. Ari Galih, si bungsu, kelas 1 SD.
Maranehna geus ngabayangkeun ti samemeh pere, arek ngalaksanakeun naon di mangsa pere engke. Eta tilu dulur teh rek ngarendong di imah Akina di lembur.
Ieu kasempetan anu langka bisa dilakonan. Sabab lamun poe sakola mah maranehna sok sararibuk pisan.
Anu hiji kudu les matematika jeung komputer. Nu saurang kudu latihan angklung jeung les basa Inggris. Nu saurang deui sibuk latihan karate.
Maranehna geus ngabayangkeun ti kajauhan keneh, rek ulin naon wae. Di lembur Aki mah waktu teh asa nyerelek pisan.
“Uing mah geus ngabayangkeun rek ulin di walungan deukeut sawah Aki,” ceuk Raksa.
“Uing mah rek nguseup lauk di balong Amang,” ceuk Jaka.
“Duh, kacipta segerna es doger meunang Bibi,” ceuk Galih.
Maranehna ngarasa leuwih asik deui sabab indung jeung bapana mah teu marilu. Jadi bisa leuwih bebas ulin jeung Aki, Amang, sarta Bibi.
Karak oge sapoe di imah Aki, barudak teh geus ngarasakeun kacida raresepeunana. Lalabuh, tiseureuleu oge maranehna henteu sugan kumaha, kalah saleuseurian akey-akeyan.
“Hahaha... eta sandal kang Jaka mani jeblog kitu... jadi kawas parahu... hihihi,” Galih ngabarakatak nyeungseurikeun lanceukna anu leumpangna hararese sabab sandalna pinuh ku leutak.
“Sa, ieu sandal kumbah sakalian,” ceuk Jaka ka Raksa anu keur kukucuprakan di walungan.
“Pangmawakeun atuh ka dieu, Kang,” ceuk Raksa menta tulung ka lanceukna.
Poe isukna leuwih rame deui. Maranehna diajar nguseup di balong Amang.
Tapi Raksa mah kalah hayoh we joged, pedah aya lagu dangdut dipangnyetelkeun ku Amang make sapeker anu gede. Sorana tarik kadenge ka mana-mana.
Sabot kitu aya sora byuurrr. Singhoreng Raksa labuh, gejebur kana balong. Manehna anteng pisan jojogedan, teu karasa geus di sisi balong pisan.
Es doger anu geus dijangjikeun ku Bibi tea oge rasana ngeunah pisan. Ku barudak didaharna waktu keur panas poe.

Sorena sanggeus mararandi, barudak ngararobrol jeung Aki di tepas imah. Keur raresepeun ngadengekeun dongeng Aki, poe geus nyerelek ka peuting.
Peutingna Jaka, Raksa, jeung Galih geus marake piyama, geus siap rek sarare. Amang jeung Bibi tadi geus pamitan rek ka riungan, rek ngadoa jeung batur sakelompok.
Sakumaha biasa, samemeh sare, Aki sok lalajo wayang dina TV. Jaka jeung adi-adina ngarobrol di kamar bari seuseurian.
Keur araranteng kitu ujug-ujug reup pareum lampu. Sakuliah imah jadi poek. Barudak nu tiluan mani rareuwas, mangkaning kabehanana sarieuneun ku poek.
“Akiii! Akiii!” tiluanana ngagorowok bareng. Tapi Aki teu nembalan.
Ku cahya bulan anu asup tina sesela jandela, Jaka nyobaan muka panto kamar rek neangan Aki. Tapi Aki kaburu jol bari mawa lilin anu geus hurung.
“Akiiii!” ceuk maranehna meh bareng, bakat ku atoh. Malum di kota mah arang langka aya pareum lampu.
“Aduh ieu incu-incu Aki... hayu atuh urang kaluar,” ceuk Aki, “urang ningali bulan di luar.”
“Hayuuu, Ki,” Jaka, Raksa jeung Galih nembalan bari nuturkeun Aki kaluar.“Wah, bulanna caang pisan nya, Ki,” ceuk Raksa. Jaka jeung Galih ngan unggeuk.
“Barudak, naha tadi hidep tiluan ngagorowok tarik pisan? Sieun ku poek?” tanya Aki bari seuri, nempo incu-incuna anu geus meh careurik.
“Muhun, Ki, poek pisan di kamar teh,” tembal Galih bari rada era, “atuh da teu katingali nanaon.”
“Beda jeung di kota,” ceuk Raksa.
“Enya, teu nanaon, barudak. Tapi urang kudu inget, yen urang boga Gusti Yesus anu caangna leuwih tina caang bulan kieu.”
“Leuwih ti bulan ieu, Ki?” tanya Galih.
“Enya atuh, da Gusti Anu nyiptakeun bulan,” ceuk Jaka ngajawab. “Tapi, Ki, naon maksudna caang Gusti teh?”
“Kieu, barudak... saperti tadi di kamar. Hidep sarieun sabab teu katingali nanaon,” tembal Aki ngajellaskeun, “tapi pas Aki mawa lilin, hidep bisa nempo deui pan?”
“Muhun, Ki,” tembal Jaka bari unggeuk. Raksa jeung Galih oge unggeuk.

Aki neruskeun nyaritana, “Eta lilin teh lir ibarat caang Gusti Yesus. Lamun urang boga Gusti dina jero hate, urang bakal bisa apal, mana anu hade, mana anu kamanah ku Gusti, mana anu bener. Gusti Yesus teh caang Anu ngelehkeun sagala nu paroek.”
“Abdi emut, Ki,” ceuk Raksa, “mun teu lepat mah eta teh sarua jeung anu pernah dibaca ku Bapa, tina Yohanes 1 ayat 5.”
“Apal teu ayatna?” tanya Galih. Tapi Raksa ngan ukur seuri.
“Bener, Raksa,” ceuk Aki.
Pangandika teh nya eta anu jadi sumberna hirup; ari hirup nya eta anu mere caang ka manusa. Eta caang cahayaan gumebyar di nu poek, ari poek teu bisaeun mareuman eta caang.
“Sapoek-poekna kaayaan urang, masalah, atawa naon wae anu matak sieun, emut yen Gusti Yesus teh pangcaangna,” ceuk Aki. “Mantenna kawasa ngajaga urang salawasna.”
Teu lila, Amang jeung Bibi datang. “Eh pareum lampu nya tadi?” tanya Amang.
“Muhun, Mang, ieu nuju ngarasakeun caang bulan sareng caangna Gusti,” ceuk Jaka bari seuri.
“Tah, mangga ayeuna cobian ieu cilok ti Ua Uti,” ceuk Bibi bari calik gigireun Jaka, Raksa jeung Galih. “Bari diaremam, sok atuh caritakeun deui kumaha maksudna caang Gusti teh.”
Raksa nyarita deui kumaha Gusti Yesus maparin caang anu pangcaangna. Jaka jeung Galih milu nambahan yen caang Gusti Yesus ngelehkeun sagala nu paroek, sagala kaayaan, masalah, jeung kasieun.
Ku: Teh Illa