NGAHIBARAN NU POEK

Hikmah Kitab Suci


Eta caang cahayaan gumebyar di nu poek, ari poek teu bisaeun mareuman eta caang. (Yohanes 1:5)


Pangjajap

Manusa butuh caang. Hiji mangsa kaparengkeun pareum listrik sababaraha dinten. Kumaha karaoisna? Tangtu, teu ngarareunah, teu paruguh.

Biasana aya lilin, atawa lampu nu nganggo batre pikeun supaya caang meueusan, sangkan urang bisa keneh barang damel. Salian ti eta, seuseueurna mah sok jadi sararieun ku poek.

Di nu poek mah moal aya kapastian. Seueur nu sok titajong bug we labuh, atawa sasab jalaran henteu tiasa ningali kalawan jelas. Ku sabab kitu, cahya teh kalintang pentingna pikeun kahirupan manusa.


Naon ari Poek Numutkeun Alkitab?

Harti kecap poek nyaeta kaayaan anu teu aya cahyaan, saperti ti peuting. Dina Alkitab mah poek teh ngalambangkeun sipat bodo, dosa, jeung papisah ti Gusti Allah Anu caang.

Ku kituna Alkitab langkung negeskeun yen poek teh maksudna poek dina karohanian. Poek rohani ngagambarkeun kaayaan jalma anu hirupna pisah ti Gusti.

Ku naon pangna tiasa papisah ti Gusti Allah? Sabab bapa Adam geus tigebrus kana dosa. Atuh sadaya turunanana dijenengkeunana dina dosa (Rum 3:23). Hartina sadaya manusia hirupna di nu poek.

Di nu poek mah seueur kasusah; pituduh jalan oge teu katingal. Nu mawi seueur nu sok nabrak itu iey nu aya di hareupeun. Di nu poek mah sok seueur pibahyaeun. Ahirna mah poek teh bisa ngegebruskeun urang malah mah tiasa dugi ka ancurna.

Hirup di nu poek rohani oge hartina henteu gaduh hubungan anu raket sareng Gusti Yesus Kristus. Tangtosna ieu teh kaayaan anu matak kacida watirna, upami manusa hirup kumelengdeng di alam poek Salamina. Namung ku Gusti Allah mah henteu diantep, manusa dikawasaan ku poek balukar tina dosa.

Kitu margina manusa perlu caang pikeun ngelehkeun poek nu ngawasaan hirupna. Poek mung bisa dielehkeun ku caang.


Caang Ngelehkeun Poek

Nalika Allah nyiptakeun jagat raya, harita bumi teh teu puguh wangunna, kaayaanana kacida matak geueumanana. Sagara Sagara motah ngaliputan satangkaraking jagat. Alam poek ngajumbleng. Pangawasa Gusti Allah murba saluhureun sagara. Lajeng Gusti Allah ngandika, “Sing caang,” bray bae caang. (Kajadian 1:1-3).

Kaayaan poek teh matak pikasieuneun, matak nyasabkeun. Upami kitu mah saena ulah aya saurang oge anu kersaeun matuh di nu poek.

Namung, ti saprak manusa tigebrus kana dosa, salawasna hirup di nu poek. Majar teh di nu poek mah bebas bisa milampah naon wae. Padahal mah teu saladar yen hirupna keur ngajugjug kana kabinasaan.

Hiji-hijina anu bisa ngelehkeun poek mah mung caang. Masing sakumah leutikna oge, caang mah bisa nyingkirkeun poek tur nungtun sing saha anu mapah di nu poek.

Caang jeung poek moal bisa ngahiji. Poek pasti sirna nalika aya caang. Contona lilin, sanajan leutik, gunana pikeun nyaangan nu poek, minangka sumber caang. Jadi, poek teh kaayaan anu disababkeun ku taya caang.

Rasul Yohanes negeskeun yen caang salawasna ngelehkeun poek, sabab langkung kiat batan poek. Namung, dina kahirupan mah poek sok usaha sangkan bisa ngelehkeun caang. Malah kiwari mah katingalna caang teh geus kaelehkeun ku poek.

Sanaos kitu, puji syukur ka Gusti Allah. Rehna caang nu sajati parantos lungsur ka tengah manusa, 2000 taun nu kalangkung. Caang nu sajati maparin hirup sarta salawasna nyaangan hirup sadaya jalma anu percaya ka Mantenna.


Yesus Kristus Caang Nu Sajati

Di ieu dunya seueur barang di langit anu ngaluarkeun caang sabab aya panonpoe anu jadi sumberna caang. Tapi naha panonpoe teh bakal caang salamina? Tangtos henteu. Hiji mangsa jaga panonpoe bakal sirna cahyana.

Larapkeuneun

Gusti Yesus misaur, “Kaula teh caangna dunya. Anu anut ka Kaula moal nyorang anu poek, sabab ngabogaan caang kahirupa.” (Yohanes 8:12). Mantenna teh caang anu moal pareum. Mantenna sumping ka alam dunya sangkan dunya anu geus poek ku dosa teh bisa jadi caang.

Sing saha anu percaya ka Mantenna tangtu hirup dina caang, sanes di nu poek. “Maraneh di dunya teh minangka caang. Caang maraneh ge kudu mencar ka sarerea, sangkan dipiconto kalakuan maraneh nu hade, supaya batur teh ngamulyakeun ka Rama maraneh nu jumeneng di sawarga.” (Mateus 5:14a, 16).

Gusti Yesus salaku caangna dunya meredih sangkan hirup urang mancarkeun caang Kristus dina laku lampah sadidinten. Hartina hirup urang jadi tuladan anu sae kanggo ieu dunya.

Kieu piwuruk Gusti ngalangkungan rasul Paulus: Aranjeun oge tadina hirup teh di nu poek. Tapi ayeuna mah geus aya di nu caang

lantaran geus jaradi umat Gusti. Kalakuan oge kudu layak sakumaha kalakuan jelema-jelema anu caricing di nu caang. Sabab anu dipencarkeun ku caangmahnyaetasakurkalakuananuhade,jujur, jeung bener, ... sangkan kamanah ku Pangeran (Epesus 5:8-10).

Kasaksian jalma anu harirup di nu caang teh kalintang diperlukeunana ku ieu dunya, sabab seueur pisan jalma anu harirup keneh di nu poek. Saur dawuhan Gusti: “Ari aranjeun mah bangsa anu geus kapilih, jadi imam Raja, jadi bangsa suci, anu dipilih jadi umat Allah purah nguarkeun padamelan-padamelan Allah anu araheng, anu geus nyaur ka aranjeun ti tempat anu poek, didatangkeun ka tempat Mantenna anu caang gilang-gumilang.” (1 Petrus 2:9).

Sakur anu geus hirup di nu caang kedah janten lilin leutik anu nyaangan sakurilingna. Sakumaha Gusti Yesus, caang nu sajati, para pangiringna oge kedah janten caang sanajan leutik saperti lilin.


Ku: Bp David S.