Rohang Kulawarga
Ku: Abah Pandita Gideon Masri
Pangjajap
Ngamulyakeun PANGERAN, dina Alkitab mangrupikeun hal anu dipintonkeun kalayan utami, anu kedah janten perhatosan urang. Dina Alkitab urang tiasa ningal seueur conto kulawarga anu kahirupanana ngamulyakeun PANGERAN, di antawisna Yusup. Anjeunna malah ti ngongora nepi ka ngarumah tangga, anu diutamikeun ngamulyakeun PANGERAN. Mangga urang paluruh kumaha prakprakanana kahirupan Yusup jeung kulawargana ngamulyakeun PANGERAN.
1. Mintonkeun gawe anu hade
Ngamulyakeun PANGERAN sanes mung di tempat ibadah ku rupa pupujian jeung ngaregepkeun pangandika Gusti, tapi bisa diwujudkeun dina pari polah hirup anu hade sadidintenna. Yusup jadi murangkalih anu bageur jeung nurut ka kolotna, tapi dipikasirik ku lanceuk-lanceukna. (Kajadian 37:13-14).
Hiji mangsa lanceuk-lanceukna rek ngajahatan jeung nyilakakeun Yusup, anu nuju jauh tina panalingaan bapana. Anjeunna nurut kana parentah bapana. (Kajadian 37:15-17)
Sabenerna basa Yusup nepi ka Sekem, cukup alesan pikeun balik deui ka bapana tur nyarita yen lanceuk-lanceukna teu kapanggih. Tapi Yusup neruskeun perjalananana pikeun neangan lanceuk-lanceukna nepi ka daerah Dotan. Atuh anjeunna jadi disiksa ku lanceuk- lanceukna nepi ka dijual ka urang Mesir. Kahirupan Yusup di Mesir salaku budak beulian oge mintonkeun kahirupan gawe anu hade, ku cara anu hade, bener jeung jujur. Ku kituna kamulyaan PANGERAN dipintonkeun nepi ka anjeunna jadi dipikanyaah ku dununganana. (Kajadian 39:3-6)
Yusup oge ngamulyakeun PANGERAN ku cara ngajaga kasucian hirupna di payuneun PANGERAN. Hal eta anu nungtun dirina nepi ka dijenengkeun ku raja Mesir salaku pangawasa kadua di karajaan Mesir, sanaos kedah ngalaman dipanjara heula. (Kajadian 41:41-44).
2. Ngawangun rumah tangga sareng jalma anu sami-sami sakapercayaan
Di lingkungan masarakat jeung kabudayaan urang Sunda, ngawangun rumah tangga teh mangrupa hiji kabutuhan anu ngandung ajen budaya anu luhur. Pangajen masarakat upami aya jajaka atanapi istri anu geus kolot tapi tacan nikah keneh bae, sok disebut ‘bujang lapuk’, atanapi ‘parawan kolot’.
Sajaba ti eta, biasana sok aya batas- batas oge pikeun jalma anu teu acan nikah, di antarana tara dibawa guyub dina hal-hal penting, upamana dina rapat-rapat penting dina kulawaraga. Ku lantaran aya sangsi budaya kitu, teu sakedik para sepuh anu ngadorong para putrana sangkan buru-buru ngarumah tangga, malah satengah maksa. Balukarna teu sakedik rumah tangga anu diwangunna asal- asalan.
Nu mawi aya paribasa ‘kajeun teuing kawin isuk pegat sore’ tibatan dianggap teu payu. Malah aya pamikiran sabagian alit urang Sunda utamina di palemburan anu boga rasa ‘leuwih diajenan boga anak randa tibatan boga anak parawan kolot.’
Kangge urang salaku putra Gusti boh dina damel, boh dina ngarumah tangga, sadayana kedah didasaran pikeun ngamulyakeun PANGERAN. Ngarumah tangga anu ngamulyakeun PANGERAN di antarana ngarumah tangga jeung pasangan anu sami-sami saiman. Yusup direndengkeun ka Asnat, putra istri Potifera, imam kota On, anu sakapercayaan.
Pangandika Gusti dina serat Rasul Paulus ka jamaah di Korinta (2 Korinta 6:14- 16), netelakeun yen ngarumah tangga sareng pasangan anu teu saiman teh lir ibarat patani anu migawe di sawah ku sato, anu hiji kuda anu hiji deui sapi. Biasana pikeun narik wuluku sok make sapi atawa munding sapasang.
Leuheung upami dipasangkeunana saarah mah nujuna saarah. Ieu mah arahna beda. Anu hiji ka tukang, anu hiji deui ka hareup. Atuh ahirna moal maju-maju. Tah, kitu nasib jalma anu ngarumah tangga jeung jalma anu teu saiman.

3. Nyanghareupan sagala pasualan, salamina ditingal dina rancangan PANGERAN
Saparantos Yusup janten pangawasa di karajaan Mesir, pasti kaemut keneh ku anjeunna kasusah hirupna kapungkur; dijual ku dulur-dulurna ka urang Mesir pikeun jadi budak beulian; digebruskeun ka panjara di Mesir, dituduh rek merkosa dunungan awewe. Padahal anu sabenerna sanes kasalahan dirina.
Tapi Yusup henteu merhitungkeun kasalahan dulur-dulurna, pon kitu deui kasalahan istri Potipar anu nuduh anjeunna nepi ka dipanjara. Yusup ningal eta sadaya salaku bagian tina rarancang jeung tujuan PANGERAN pikeun hiji perkara anu ageung, nyaeta pikeun nyalametkeun bangsa Mesir tur kulawargana tina bahya kalaparan anu lami tur rongkah. (Kajadian 45:4-8).
Memang henteu gampang pikeun saurang anu pernah dikaniaya bisa mopohokeun kitu bae sagala kajahatan jalma anu pernah nyilakakeun dirina. Biasana dina hatena sok aya amarah anu ngagedur tur niat pikeun ngabales. Sumawonna upami dirina geus jadi pangawasa.
Tapi Yusup, sanajan geus jadi pangawasa di Mesir, tiasa ngahampura sadaya kasalahan lanceuk-lanceukna, kitu deui dununganana. Yusup ningal aya rancangan PANGERAN dina sadaya kasusahan anu tumiba ka dirina. Yusup ngamulyakeun PANGERAN dina sagala hal.
4. Hirup raket tur hormat ka sepuh sapanjang hirupna
Yusup ngamulyakeun PANGERAN dina kahirupan jeung dina hal gawe anu hade. Yusup nikah jeung jalma saiman, mintonkeun rasa hormat ka sepuhna tur ngamumule sepuhna nepi ka mangsa maotna. (Kajadian 48:1-2; 49:1, 33).
DinakabudayaanurangSunda,upami aya budak anu joledar atanapi henteu sopan ka kolotna, sok dicarekan ku basa: ‘Tong sok teu sopan ka kolot, tong sok joledar kakolot. Poma, indung teh tunggul rahayu, bapa tangkalna darajat.’
Pangandika Gusti netelakeun yen hormat ka kolot mangrupikeun parentah PANGERAN. (Epesus 6:2-3). Pangandika Gusti dina eta surat Epesus saleresna dicutat tina aturan hukum PANGERAN nyaeta sapuluh Hukum Torat, anu dilungsurkeun ku PANGERAN ka nabi Musa nalika di gunung Sinai. Hukumna wajib hormat ka indung jeung ka bapa. Hukum Torat
Upami urang merhatoskeun, Yusup hirup jauh samemeh Hukum Torat dilungsurkeun. Ieu buktos dina Alkitab yen hormat ka indung jeung ka bapa teh kedah janten kapribadian satiap jalma nu percaya ka PANGERAN.
Yusup jeung kulawargana kalintang ngutamikeun sepuhna. Sepuhna teu damang, heg dilayad, disarengan dugi ka mangsa maotna, dipulasara hade-hade.

5. Tetep satia ka Gusti tur ngariksa wargi- wargina dugi ka ahir hirupna najan sepuhna tos ngantunkeun
Dina beungkeutan kulawarga, biasana hubungan duduluran jadi renggang upami geus ditinggal maot ku para sepuhna. Malah teu sakedik jadi ribut parasea dugi ka urusan pangadilan ku alatan marebutkeun warisan.
Yusup mah tetep mikanyaah ka nu jadi lanceuk-lanceuk jeung adina sanaos sepuhna parantos ngantunkeun. Memang ti pihak dulur- dulurna aya kasieun anu gede, bisi kajahatan maranehna dibales ku Yusup. Tapi Yusup mah henteu kitu. (Kajadian 50:22-23).
Kacindekan
Rumah tangga anu ngamulyakeun PANGERAN dipintonkeun dina kahirupan anu bener, padamelan hade tur jujur, sarta ngajaga kasucian hirup. Salajengna, ningal sagala pasualan hirup dina rancangan PANGERAN pikeun ngadatangkeun kahadean; hormat tur ngarawat ka kolot. Gusti ngaberkahan.