Dadasar Iman
“Eta pertkawis teh kumaha pitiasaeunana, margi abdi teh parawan keneh?”...“Sabab mungguh di Allah mah henteu aya anu mustahil.” (Lukas 1:34, 37)
Natal anu hartosna medal atanapi weton kiwari kauninga yen anu dimaksad nyaeta medalna Gusti Yesus Putra Allah (Lukas 1:35). Parantos henteu kaetang jalmi anu dibabarkeun di ieu dunya, namung mung babarna Gusti Yesus anu salajengna dipiemut janten dinten Natal.
Mantenna anu muka sajarah enggal. Saleresna pisan, babarna Gusti Yesus mah taya bandingna. Mung sakali-kalina aya parawan, nyaeta Mariam, tiasa ngandeg teras ngababarkeun putra, nyaeta Gusti Yesus.
Anu katelah gabug teras ngandeg, eta oge kalebet hal anu luar biasa, mujijat ti Gusti. Alkitab oge sababaraha kali nyatet kajantenan anu gabug tiasa ngandeg, di antawisna Ambu Sarah, istri Bapa Ibrahim, ngandeg dina yuswa 89 taun (Kajadian 17:17); Ambu Elisabet, tiasa ngandeg sanaos parantos sepuh tur katelah gabug, ngababarkeun Yohanes Jurubaptis, genep sasih sateuacan Gusti Yesus medal (Lukas 1:36, 57-58).
Tapi parawan ngandeg? Teu acan kantos aya kajantenan sapertos kitu sateuacanna. Ieu mah mung Pangalaman Ambu Mariam wungkul. Ku margi kitu merenah disebat aheng.
Eces pisan malaikat Jibrail ngunjukan ka Ambu Mariam yen anjeunna bakal ngandeg sanaos parawan keneh. Hal anu mustahil, nyaeta henteu kungsi aya istri anu ngalaman pangalaman sapertos kitu, bakal kaalaman ku Ambu Mariam. Kamustahilan tiasa ngawujud, margi kangge Gusti Allah mah taya anu mustahil (Lukas 1:37).
Urang moal tiasa ngawagel kana padamelan Gusti Allah sanaos benten sareng kailaharan. Sapertos kangge mujijat-mujijat liana, umat Gusti mung tiasa muji syukur tur kangge salajengna iman ka Mantenna Anu Agung tur Maha Kawasa. Kitu sakedahna sikep urang patali sareng ieu kaahengan Natal.

Turunan Istri
Ambu Mariam anu dipilih ku Gusti Allah kangge ngandeg Gusti Yesus. Kawitna anjeunna oge henteu tiasa nampi hal anu didugikeun ku malaikat Jibrail. Anjeunna miunjuk, “Eta perkawis teh kumaha pitiasaeunana margi abdi teh parawan keneh?” (Lukas 1:34). Namung eces yen Ambu Mariam teh parawan anu saleh tur iman ka Gusti Allah.
Ambu Mariam dipasihan piunjuk langkung paos ku malaikat Jibrail, yen kawasa Allah ku Manten anu ngajantenkeun Ambu Mariam ngandeg. Atuh anjeunna sumerah diri, “Abdi teh abdi Pangeran, mugia laksana sakumaha pilahir Juragan.” (Lukas 1:38).
Numutkeun sajarah suci anu diserat dina Alkitab, kajantenan ngandegna Ambu Mariam saleresna parantos dirancang ku Gusti Allah ti awal sajarah jalmi. Tegesna eta kajantenan parantos didugikeun ka karuhun jalmi di taman Eden.
Saparantos Ambu Hawa tur Bapa Adam, karuhun bangsa manusa tigebrus kana dosa, Gusti Allah ngadugikeun yen turunan ti istri anu bakal ngaremukkeun hulu Iblis (Kajadian 3:15). Hanjakal Alkitab basa Sunda sadidinten narjamahkeunana sacara tafsir. Janten hal turunan ti istri teh henteu jelas deui.
Saleresna dina jangji Gusti anu katelahna Injil Munggaran ieu, negeskeun hal turunan ti istri anu bakal ngaremukkeun hulu Iblis. Teges anu diserat dina Kajadian 3:15 sanes turunan ti pameget, sapertos ilaharna kecap anu diangge.
Sumawonna dina budaya-budaya bangsa meh di mana bae, putra teh nyandak nami ramana, sanes ibuna. Namung sapanjang sajarah bangsa jalmi sakumaha anu diserat dina Kitab Suci, tangtos turunan Bapa Adam sareng Ambu Hawa henteu ngartos sajatina anu dimaksad jangji turunan ti istri.
Parawan Ngandeg
Rebuan taun saparantos kajantenan di taman Eden, tegesna kinten-kinten 740 taun sateuacan panyumponna gumelar, nabi Yesaya nampi jangji ti Gusti Allah. Tapi ku margi kawates ku jaman, ieu nabi rupina kawates oge pangartosanana kana ieu jangji.
Nabi Yesaya netelakeun: Ku margi kitu, Pangeran ku Manten bade maparin tanda. Kieu: Hiji lajang bakal bobot, seug ngowokeun putra pameget, dijenenganan Immanuel (Yesaya 7:14).
Tiasa janten harita nabi Yesaya nyangki yen anu janten tanda teh nyaeta putrana ti hiji parawan anu ditikah ku anjeunna (Yesaya 8:1-4). Nabi Yesaya henteu nyangki yen jangji Gusti Allah panyumponana ganda.
Hartosna dua panyumpon, nyaeta nu kahiji kangge jaman anjeunna; anu kadua kangge 740 taun ka payun. Nabi Yesaya henteu nyangki yen leres bakal kajantenan aya parawan anu ngandeg, 740 taun ka payun.
Nubuat Gusti Allah ngalangkungan nabi Yesaya mung cumpon sampurna ngalangkungan ngandegna Ambu Mariam. Mantenna leres parawan, lajang anu suci tapi tiasa ngandeg. Ngandegna sanes ku margi nikah, kagungan caroge, namung ku margi mujijat. Ku margi Roh Suci Ambu Mariam ngandeg sacara ajaib (Mateus 1:23).
Kajantenan anu mustahil, henteu kajudi ku pikir, henteu kahontal ku akal. Para nabi oge henteu patos ngartos, kitu oge Ambu Mariam ku anjeun. Tapi leres kajantenan. Ambu Mariam, janten hiji-hijina parawan anu ngandeg kalawan aheng. Ieu kaahengan gumelar margi kangge Gusti Allah mah henteu aya anu mustahil.
Kajantenan anu dinubuatkeun ku nabi Yesaya (Yesaya 7:17) 740 taun sateuacan panyumponna hadir, estu mung cumpon ku babarna Gusti Yesus. Margi nami anu disandang-Na nyaeta Immanuel, hartina Gusti Allah nyarengan urang (Mateus 1:23).
Saha deui Allah anu nyarengan urang upami sanes Gusti Yesus, Putra Allah? Malih Mantenna teras nyarengan urang dugi ka kiwari (Mateus 28:20).

Lenyepaneun
Sapanjang sajarah jalmi, parantos seueur jalmi anu kawentar, ageung pangaruhna, malih henteu sakedik anu pangaruhna teras ngalangkungan yuswana. Saparantos ngantunkeun, pangaruhna masih keneh kiat. Jalmi anu sapertos kitu nyandak perobiham ageung kangge kahirupan kaum, umat atanapi bangsana.
Seueur oge para nabi anu diutus ku Gusti Allah kangge ngemutan bangsa manusa supados ajrih ka Gusti sareng ngagem pangandika-Na. Namung sanaos aranjeunna kalebet jalmi anu punjul, henteu aya anu dibabarkeun sacara ajaib sapertos Gusti Yesus. Gusti Yesus mah hal babarna diuningakeun rebuan taun sateuacan kajantenanana, diemutkeun deui ratusan taun sateuacan dicumponan. Henteu aya oge jalmi atanapi nabi anu dibabarkeun tanpa ngalangkungan nikahna ibu-ramana.
Mung Gusti Yesus ku Manten anu dinubuatkeun rebuan taun, dipindo ratusan taun sateuacan dibabarkeun. Mung Gusti YesuskuMantenanudibabarkeunkusaurang parawan.
Hiji kaajaiban anu taya babandinganana, margi Mantenna taya sanes nyaeta Gusti Allah ku Manten anu lungsur mendakan bangsa jalmi. Mantenna lungsur nyumponan jangji awal ka karuhun manusa, supados kawasa dosa dileungitkeun.
Mantenna anu ngaremukkeun hulu Iblis. Mantenna anu ditangtoskeun janten Jurusalamet sakumna manusa. Mantenna anu sumping milarian tur nyalametkeun jalmi anu sarasab ku margi dosa (Lukas 19:10). (PurT)
[Ieu pedaran disarikeun tina seratan bapak Purnawan Tenibemas (Alm.), pedaran LM edisi ka-3 taun 2015]