Aya paribasa basa Sunda anu kieu: “Hirup téh lir ibarat anu muter”. Hartina, kadang aya di luhur, kadang di handap. Nu penting sanes di mana ayana urang, tapi kumaha carana milampah dina ieu kahirupan. Ieu paribasa kalawan sae ngagambarkeun kahirupan bapa Oni sareng istri katut para putrana.
“Para pamaos, nepangkeun abdi Oni Oce. Pun bojo Christina Septianti Taher. Abdi sareng pun bojo dipercaya ku Gusti ngarorok lima murangkalih,” ceuk bapa Oni. “Anu cikal, awewe ngaranna Laura Vincentcia. Nu kadua Mici Nakita Caluni Oce. Nu katilu jeung kaopat kembar, nyaeta Claudius Fidelis Abraham, sareng Clovis Archkelaus Abraham. Nu kalima nyaeta Kenneth Coralus Abraham.”
Lima belas taun hirup ngarumah-tangga the henteu gampang, sakumaha umumna nu ngajalankeunana. Kahirupan bapa Oni sareng ibu Christine seueur kabungah pon kitu deui kasusah.
“Tapi abdi sareng pun bojo mah moal nyerah,” kitu patekadan bapa Oni sareng ibu Christine.
“Ieu kedah diteraskeun sabab abdi jeung pun bojo nyaah pisan ka barudak,” ceuk bapa Oni. “Masing kumaha oge kaayaan tur tangtanganana, pun bojo jeung barudak kedah langkung sae hirupna tibatan hirup abdi kapungkur.”
Upama nilik kana kahirupan bapa Oni kapungkur, mangsa ka tukang, seueur anu henteu kamanah ku Gusti. Hirupna sanes mung ukur sangsara tapi oge pinuh ku lampah anu teu aruni. Kabiasaan ngaroko jeung nginum inuman alkohol geus teu aneh deui. Malah mah sakali mangsa dugi ka utah getih.
“Kahirupan abdi ngawitan sae nalika rengse kelas 9, bade lebet ka SMA, taun 2001,” ceuk bapa Oni. “Anu jadi sababna nyaeta abdi kagagas ku guru wali kelas anu kalintang mikaasihna ka abdi.”
Eta ibu guru the mintonkeun kaasih Gusti Yesus ka sadaya muridna, kalebet bapa Oni. Sikep tur kaasih eta ibu guru lir ibarat caang anu nyaangan hirup bapa Oni anu poek.
“Pangajaran anu didugikeun di sakola saluyu jeung laku lampahna sadidinten,” ceuk bapa Oni. “Abdi jadi ngarasa tengtrem sarta percaya kana naon anu diwulangkeun di sakola.”
Ti harita tekad bapa Oni geus buleut, nyaeta bade percaya ka Gusti Yesus salaku Jurusalamet umat manusa, anu ngabebaskeun manusa tina hukuman langgeng di naraka. Anjeunna oge yakin yén Gusti Yesus the hiji- hijina jalan ka sawarga.
“Harita teh henteu seueur anu panuju sareng abdi,” ceuk bapa Oni. “Malah mah pada mikangewa, malah mah pun bapa sareng pun biang. Tapi abdi mah henteu galideur sabab yakin yen Gusti Yesus pasti nyarengan tur maparin pitulung.”
Aya babasan anu nyebutkeun yen babaturan nangtukeun léngkah urang. Ieu anu jadi tangtangan hirup pangbeuratna keur bapa Oni.
“Manawi teh upami geus ngiring ka Gusti Yesus, moal aya gogoda jeung cocoba,” ceuk bapa Oni. “Singhoreng gogoda jeung cocoba kalah wuwuh nambahan.”
Anjeunna kagoda ku babaturan, kabawa ku sakaba-kaba. Imanna oge jadi hengker. Nu mawi anjeunna dijurung ka Malang, dipaparin bingbingan husus salami tilu bulan, dina hal budi pekerti, moral, jeung karohanian.
“Sanggeus tilu bulan di Malang, ahirna abdi mulih deui ka Bandung pikeun ngamimitian babak anyar dina kahirupan,” ceuk bapa Oni, “heg nampi padamelan di LPPBS, diajar ngalayan Gusti.”
Teu kungsi lami di LPPBS, bapa Oni ngiring damel di hiji pabrik di Bandung. Tapi anjeunna tetep satia ka Gusti Yesus, malah mah sareng kulawargana oge.
“Abdi ngalayanan di jamaah dina widang musik,” ceuk bapa Oni, “pun bojo singer jeung ngawulang Sakola Minggu. Naon anu ku abdi jeung pun bojo dilaksanakeun kiwari the bade diwariskeun ka pun anak.”

Ayeuna bapa Oni jeung kulawargana hirup bagja, sanaos seueur cocoba anu tumiba. Anjeunna yakin yén Gusti barang damel dina kahirupanana.
“Abdi percaya yen Gusti Yesus baris ngaberkahan abdi sakulawarga dina padamelan, usaha, sarta palayanan anu dilakonan kalayan iklas,” ceuk bapa Oni.
Ayeuna bapa Oni sadar yén hirup dina caang Gusti Yesus langkung saé tibatan hirup dina poek anu matak pikawatireun. Memang ngiring Gusti Yesus the sanes hartina bebas tina sagala masalah, sarta mulus salawasna. Tapi bapa Oni percaya yen anjeunna sareng kulawargana bisa ngungkulan sagala cocoba jeung masalah sabab disarengan ku Gusti Allah.
Ieu dawuhan Gusti anu ngiatkeun bapa Oni nalika mayunan masalah. Pitulung ka kaula datangna ti PANGERAN, nu ngadamel langit jeung bumi. Mantenna moal ngantep anjeun tiguling, panyalindungan anjeun salawasna nyaring. (Jabur 121:2-3).
“Gusti mah salawasna nyaring,” ceuk bapa Oni. pernah gagal ngajaga tur ngajaga kuring jeung kulawarga kuring. Cobaan bisa datang cara kuring, tapi cahaya asih-Na bakal brighten hirup abdi babarengan jeung kulawarga abdi.