HIBARNA KAMULYAAN PANGERAN

Rohang Utama


HIBARNA KAMULYAAN PANGERAN

Manusa Munggaran

Manusa munggaran diciptakeun ku PANGERAN teh tina taneuh, tuluy ditiupkeun napas kana liang irungna anu matak hirup. Ari manusa, dipidamelna ku GUSTI Allah teh nya eta tina taneuh. Sanggeus diwangun mangrupa jelema, tuluy ditiupkeun napas anu matak hirup kana liang irungna, seug manusa teh ngajadi mahluk hirup. (Kajadian 2:7).

PANGERAN nyipta manusa sarimbag sarta nyeples sareng manten-Na. Allah ngandika, “Ayeuna Urang nyieun manusa, masing nyeples sarimbag jeung Urang. Urang sina murba ka bangsa lauk, ka bangsa manuk jeung ka bangsa sasatoan, boh sato piaraanana, boh sato leuweungna, nu galede, nu laleutik.” (Kajadian 1:26). Ieu cumarios yen manusa teh mangrupikeun gambaran tina wujud PANGERAN ku Manten.

Manusa munggaran dipernahkeun ku PANGERAN di hiji taman anu namina taman Eden sarta dipaparin kawasa pikeun ngurus sarta ngajaga eta taman (Kajadian 2:8,15). Nalika manusa aya di taman Eden kaayaan manusa estuning genah merenah tumaninah sabab hirup manusa masih keneh dibulen ku caang kamulyaan PANGERAN.

Hanjakalna manusa munggaran ngarempak kana parentah PANGERAN. Balukarna manusa munggaran tigebrus kana dosa, sarta leungiteun kamulyaan PANGERAN anu ngabulen manusa.

Ku lantaran kamulyaan PANGERAN leungit ti manuasa, atuh manusa jadi boga rasa sieun jeung era. Manusa dihukum ku PANGERAN (Kajadian 3:10, 16-19). Balukar tina ngarempak parentah PANGERAN, manusa jadi jauh ti PANGERAN Nu mulya.

Timbalan Mantenna ka awewe tea, “Kanyeri maneh ku Kami rek ditambahan sajeroning eukeur kakandungan, kitu keneh kanyeri dina waktu ngajuru.”

Timbalana-Na ka lalaki, “Maneh geus kabawakeun ku pamajikan ngadahar buah anu ku Kami dilarang. Ku sabab eta, ieu bumi baris keuna ku panyapa. Mun hayang kaala hasilna geusan dahareun maneh sacukupna, maneh saumur-umur kudu digawe tisusut-tidungdung.

Maneh kudu luut-leet kesang heula sangkan bumi bisa mere hasil. Kitu bae sapapanjangna, nepi ka maneh mulang deui kana taneuh, asal maneh tea. Ku sabab maneh dijieun teh tina taneuh, nya kudu balik deui ngajadi taneuh.” (Kajadian 3:16- 19).

Manusa Mangsa Kiwari

Ti saprak manusa tigebrus kana dosa harita, kawasa dosa terus nyaliara sarta ngabarogod kahirupan manusa anu beuki dieu beuki nambahan jumlahna. Dosa manusa munggaran terus diwariskeun ka anak incu dugikeun ka mangsa kiwari.

Jadi dugikeun ka kiwari teu aya saurang oge manusa nu hirupna bener, beresih tur teu ngabogaan dosa (Rum 5:12). Hal ieu ditegeskeun ku Kitab Suci yen teu aya saurang oge anu bener, sadaya manusa geus midamel dosa sarta geus leungiteun kamulyaan PANGERAN (Rum 3:10, 23).

Manusa geus kaalingan ku poek balukar tina kawasa dosa sarta leumpang tutag totog dina nyorang kahirupanana. Kawasa tina dosa terus diwariskeun dugi ka kiwari.

Manusa jadi teu daya teu upaya sarta poekeun milari jalan kaluar sangkan bisa bebas tina kawasa dosa anu ngabarogod. Ku sabab kitu manusa butuh pitulung anu iasa ngaleupaskeun dirina tina kawasa dosa, sarta nuyun jalan anu poek kana caang nu mawa kamulyaan.

Manusa Butuh Caang

Kamulyaan manusa tiasa dipulihkeun deui, lamun dosana di payuneun PANGERAN dibersihkeun heula. Umat manusa ngawitan milari Gusti ku cara ngadamel korban persembahan, nyieun kahadean, jeung sajabina.

Tujuanana sangkan masalahna bisa diberesan, malar tiasa katampi ku PANGERAN. Kaayaanana dipulihkeun deui janten manusa nu mulya tur tiasa deui sasarengan sareng PANGERAN sapertos ti awal kadimna keneh.

Mung hanjakalna sakabeh tarekah manusa teu tiasa nyumponan standar PANGERAN. Dugikeun ka kiwari umat manusa masih keneh seueur anu ngaraos poekkeun dina nyorang jalan hirupna.

Balukarna henteu sakedik umat manusa anu pegat harepan dina mayunan poekna kahirupan nu keur disorang.

Manusa butuh pitulung anu iasa nuyun kana caang nu sajati, caang anu mawa kana kamulyaan. Saha anu iasa nuyun umat manusa nu keur nandangan poekkeun jalan? Tangtos mung PANGERAN ku Manten salaku sumbering caaang. (2 Samuel 22:29).

Naon nu dipidamel ku PANGERAN pikeun nyumponan pangabutuh manusa? PANGERAN Anu Maha Kawasa, Anu mulya, dugi ka ngarendahkeun Anjeun janten putra manusa (Gusti Yesus Kristus). Anjeunna tumut ka Gusti Allah dugi ka pupus dina kai dipalang janten kurban kanggo nebus umat manusa tina kawasa dosa anu ngabarogod (Pilipi 2:8).

Gusti Yesus teh caang sajati, anu turun ka ieu dunya, nyaangan sakumna umat manusa (Yohanes 1:9). Gusti Yesus negeskeun, “Kaula teh caangna dunya. Anu anut ka Kaula moal nyorang anu poek, sabab ngabogaan caang kahirupan.” (Yohanes 8:12).

Jadi upami urang hoyong nyorang jalan anu caang, geura tampi Gusti Yesus salaku Gusti tur Jurusalamet sacara pribadi, sabab mung Anjeunna anu iasa nyandak urang kana kamulyaan PANGERAN. Kiwari bangsa- bangsa keur kaalingan ku poek. Tapi urang nu percaya ka Mantenna, bakal kahibaran ku cahya Mantenna.

Bangsa-bangsa bakal kaalingan ku poek, maneh mah kacaangan ku Mantenna, bakal kahibaran ku cahaya Mantenna. Bangsa-bangsa bakal daratang, raja-raja bakal muru-muru, katarik ku caang maneh, caang jaman anyar. (Yesaya 60:2- 3).

Jalma anu percaya ka Gusti Yesus mah jadi bangsa anu geus kapilih, jadi imam Raja, jadi bangsa suci, anu dipilih jadi umat Gusti Allah purah nguarkeun padamelan-padamelan Mantenna anu araheng, anu geus nyaur ka aranjeunna ti tempat anu poek, didatangkeun ka tempat Mantenna anu caang gilang-gumilang. (1Petrus 2:9).

Ku sabab sakur anu geus percaya ka Gusti Yesus, anu geus janten umat pilihana- Na, hirupna dicaangkeun deui sakumahan Mantenna anu jadi cahya caang. Eta ciri diri jalma anu geus beresih tina dosa ku karana getih Gusti Yesus, sarta bakal bisa hirup sabeungkeut jeung pada batur (1 Yohanes 1:7).

Kacindekan

Manusa diciptakeunana ku Gusti Allah teh kalintang sampurnana, ciptaan nu ngagambarkeun wujud Gusti Allah nu mulya. Namung ku margi manusa tigebrus kana dosa, gambar Allah dina diri manusa janten ruksak sarta manusa janten kaleungitan kamulyaan Mantenna.

Dosa teras nyaliara dina diri manusa sarta ngabarogod umat manusa ku kawasana anu ngabalukarkeun umat manusa teu daya teu upaya keur ngalawanna. Tapi ku margi Gusti Allah mikaasih ka umat manusa, Gusti Yesus kersa lungsur ti Sawarga, ngarendahkeun diri janten manusa sajati. Mantenna ngajait umat manusa tina leutak dosa sarta manusa dicandak kana kamulyaan Gusti.

Dina raraga nyalametkeun umat manusa Gusti Yesus salaku Putra Manusa kedah tumut kana rarancang Gusti Allah Rama. Mantenna kedah pupus dina kai palang pikeun nebus umat manusa tina kawasa dosa.

Eta caang cahayaan gumebyar di nu poek, ari poek teu bisaeun mareuman eta caang (Yohanes 1:5).


Ku: Bp. Firdaus H., S.Th.