Sanggeus meh cunduk kana waktuna Yesus bakal dicandak ka sawarga, Anjeunna mutuskeun seja angkat ka Yerusalem (Lukas 9:51).
Pangjajap
Seueur jalmi anu nyangki malih percanten yen Gusti Yesus henteu kantos pupus disalibkeun. Aranjeunna percanten yen anu pupus disalibkeun sanes Gusti Yesus tapi jalmi sanes anu disangkina Gusti Yesus. Tiasa disebat urang Yahudi harita lepat nangkep jalmi. Nanging kasaksian Alkitab, Kitab Suci kiat pisan negeskeun yen Gusti Yesus anu nandangan kasangsaraan tur pupus disalibkeun. Mantenna nandangan pati pikeun kasalametan umat manusa ku jalan nanggel dosa umat manusia. Kristus oge nepi ka pupus teh lantaran dosa manusa kabeh. Anjeunna nu tanpa dosa nalangan nu daroraka, malar iasa ngadeheuskeun manusa ka Allah (1 Pet 3:18).
Kasaksian Alkitab, Kitab Suci
Gusti Yesus benten sareng umat manusa sanesna. Mantenna lungsur ti sawarga ka ieu dunya ku jalan nyandak rupi jalmi. Ku margi kitu, Mantenna persis sapertos jalmi umum, kagungan raga (Pil 2:7; Yoh 1:14). Harita hal eta ditegeskeun sababaraha kali ka urang Yahudi.
Hiji waktos Mantenna ngawanohkeun Pribadina salaku Roti hirup anu lungsur ti sawarga (Yoh 6:35,41,51). Sanes waktos Gusti Yesus ngabandingkeun Pribadina sareng jalmi sanes umumna: “Aranjeun asal ti handap, ti ieu dunya. Ari Kaula mah asal ti luhur. Aranjeun asal ti dunya, Kaul amah lain ti ieu dunya....” (Yoh 8:23).
Sajabi kitu, Mantenna terang paos tujuan kesumpingana-Na ka ieu dunya. Saparantos sababaraha taun Mantenna hadir di dunya salaku nabi. Mantenna, Gusti anu nyandak peran selaku nabi.
Salaku nabi, Mantenna ngawulang Pangandika Gusti, ngelingan tur ngajak kaum dangu- Na kangge tarobat. Lajeng Mantenna gentos peran janten Imam Agung. Ku margi kitu Injil Lukas nyerat: Sanggeus meh cunduk kana waktuna Yesus bakal dicandak ka sawarga, Anjeunna mutuskeun seja angkat ka Yerusalem (Luk 9:51).
Yerusalem teh kota anu dipilih ku Gusti Allah janten pusat ibadah kangge umat Allah. Di Yerusalem ngadeg Bait Allah. Kurban panebus dosa serta kurban-kurban sanesna sekumaha diparentahkeun ku Allah ka Nabi Musa kedah dilaksanakeun mung di Yerusalem, henteu kenging di tempat sanes. Ku margi kitu Gusti Yesus nyorang kalayan pasti ka Yerusalem.
Jalan pangcaketna ti wilayah Galilea ka Yerusalem nyaeta ngalangkungan wilayah Samaria. Gusti Yesus ngutus sababaraha murid-Na, mayunan meuntas wilayah Samaria kangge nyiapkeun sadaya hal anu peryogi disayagikeun. Namung hiji desa di wilayah Samaria, anu bade kalangkungan nyaeta jalan palintasan Gusti Yesus ka Yerusalem, ngawagel, henteu masihan ijin Gusti Yesus lebet ka eta desa margi pendudukna terangeun yen kersana Gusti Yesus teh nyorang Yerusalem (Luk 9:53).
Hal eta ku margi antawis urang Yahudi sareng urang Samaria kagungan sentimen kasukuan anu kiat. Dua suku ieu henteu akur.
Ngalaman pangwagel sapertos kitu, dua murid utami Gusti Yesus, Yakobus jeung Yohanes ngaraos kasinggung. Aranjeunna kacida kareuheuleunana, malih nyuhunkeun widi seja ngadoa supados seuneu ti langit ngahuru eta desa (Luk 9:54).
Sawalerna Gusti Yesus kalawan ageung manah tur kaasih henteu ngaraos kaganggu ku eta pangwagel. Malih dua murid utami-Na anu ditegor. Batan maksa, Mantenna neraskeun lengkah-Na nyorang Yerusalem ngalangkung desa sanesna (Luk 9: 55,56).
Sababaraha waktos sateuacanna, Gusti Yesus negeskan ka murid-murid-Na: “Kami teu meunang henteu kudu ka Yerusalem, kudu nandangan sangsara di ditu, dikaniaya ku para kokolot, ku imam-imam kapala, jeung ku guru-guru agama Yahudi. Kami bakal dipaehan. Tapi sanggeus maot tilu poe bakal hirup deui.” (Mat 16:21).
Dua kali deui Gusti Yesus negeskan hal eta ka para murid-Na (Mat 17:22,23; 20:18,19). Malih saparantos dugi di Yerusalem, tegesna dua dinten samemeh sadaya anu dicarioskeun ka murid-murid- Na ngawujud, sakali deui Gusti Yesus nyarios yen Mantenna bakal diserankeun teras disalibkeun (Mat 26:2).
Kajantenan di taman Getsemani negeskeun yen anu ditangkep (saleresna Gusti Yesus ku manten nyerahkeun diri) ku para serdadu Romawi sareng para pangawal Bait Allah nyaeta Gusti Yesus sanes jalmi lian. Waktos harita, Gusti Yesus muyunan malih mariksa pamaksadan eta para serdadu Romawi sareng para pangawal Bait Allah: “Maraneh nareangan saha?” walonna: “Neangan Yesus urang Nasaret.” Gusti Yesus negeskeun, “Ieu Kami”.
Rupina ku margi wibawa Gusti Yesus, eta serdadu sareng para pangawal tinggalebru, ngajengkang (Yoh 18:3-6). Gampil kangge Gusti Yesus kangge nyingkahan aranjeunna tur undur ti taman Getsemani.
Petrus, murid utami Mantenna, anu seja ngabela, ku jalan nyerang ku pedangna salah sawios anu bade nangkep Gusti Yesus, diparentah ku Mantenna, “Asupkeun eta pedang, sarangkaan deui. Sabab anu ngagunakeun pedang paehna ku pedang deui.” Harita Gusti Yesus oge negeskeun yen saleresna Mantenna tiasa nyumpingkeun dua welas pasukan malaikat, tapi upami sapertos kitu, seratan Kitab Suci moal laksana. Mantenna kedah nyumponan jangji anu tos diserat dina Kitab Suci (Mat 26:51-54). Gusti Yesus masrahkeun Dirina kangge ditangkep (Yoh 18:9,12).
Di payuneun sidang pengadilan Mahkamah Agama Yahudi, Gusti Yesus ngangken yen Mantenna Kristus, Jurusalamet, Putra Allah Mahasuci. Ku margi pangangkenana-Na, Mantenna dipidana hukum pati (Mrk 14:61-64).

Saparantos Mantenna nampi siksaan badaniah tur dihina, diulinkeun ku para serdadu Romawi, Mantenna digiring ka pasir Golgota kangge disalibkeun. Eces pisan ngalangkungan tujuh kecap pamungkas anu didugikeun ku Mantenna tina kai salib, yen anu disalibkeun teh mustahil jalmi sanes.
Sanaos nandangan kasangsaraan, kanyeri anu taya babandinganana, salira-Na babak belur dirangked 39 kali ku pecut anu tungtung tilu anu digagantungan logam seukeut, mastakana di makutaan ku makuta tina cucuk, panangan tur sampeanana dipaku ku paku badag, tapi Mantenna tetep mikaasih ka para algojona. Anjeunna ngadugikeun sapaat panghampura kangge sadaya jalmi anu ngamusuhanana (Luk 23:34).
Ka saurang penjahat anu disalibkeun sagedengeun Mantenna anu sasambat ka Mantenna, Gusti Yesus ngajamin yen dinten eta pisan eta penjahat anu tobat teh bakal sasarengan sareng Gusti Yesus di Pirdus (Luk 23:43). Pamohalan cariosan sapertos kitu didugikeun ku jalmi lian. Dua di antawis tujuh cariosan eta saluyu sareng Pribadi tur kawenangan Gusti Yesus.
Salaku Imam Agung, Mantenna nyanggakeun kurban panghampura dosa. Benten sareng Imam Agung numutkeun hukum agama Yahudi anu sataun sakali nyanggakeun kurban mangrupi sapi atanapi domba jalu anu sampurna, taya cacadna kangge jalan panghampura dosa boh kangge dosa dirina kitu oge kangge dosa sadaya umatna (Ibr 9:7); Gusti Yesus mah ngurbankeun Dirina anu janten kurban panghampura dosa kangge sadaya jalmi. Kurbanna cekap sakali kangge salalawasna (Ibr 10:10,14).
Yesus Kristus geus ngajalankeun hal anu dipundut ku Allah, ku sabab kitu urang kabeh geus diberesihkeun tina dosa ku jalan kurban salira Kristus ku anjeun, anu dijalankeunana ngan sakali pikeun salalanggengna. Jadi Anjeunna mah ngan ku hiji kurban geus iasa nyampurnakeun manusa anu geus diberesihkeun tina dosa, keur salalanggengna (Ibr 10:10,14).
Serat Ibrani negeskeun yen kurban taunan di Bait Allah Yerusalem mung mangrupi gambaran kangge kurban agung Gusti Yesus (Ibr 10:1). Kurban Salira Gusti Yesus oge nyumponan piwejang Yohanes Jurubaptis anu ngawanohkeun Gusti Yesus salaku Anak Domba Allah, anu bakal ngaleungitkeun dosa ti alam dunya (Yoh 1:29).

Panutup
Sadaya perkawis anu diserat dina Alkitab, ngabuktoskeun yen anu disalibkeun tangtos Gusti Yesus. Hiji Pribadi Agung anu kawitna ti sawarga, lungsur ka dunya, ngurbankeun Salirana kangge panghampura dosa sakumna umat manusa. Kajabi nubuat-nubuat Kitab Suci, panegesan Gusti Yesus ku Manten ka para murid-Na sateuacan kajantenan, kitu oge cariosan Mantenna boh nuju di taman Getsemani oge dina waktos disalibkeun.
Kacindekkanana, mustahil upami anu disalibkeun harita di pasir Golgota teh jalmi sanes anu disarangkina Gusti Yesus. Buktos henteu tiasa diwagel yen anu disalibkeun nyaeta Gusti Yesus. Tujuanana eces pisan yen kasangsaraan sareng pupus-Na disalib mangrupa hal anu kedah kaalaman ku Kristus, margi mung ku jalan sapertos kitu, jalan pertobatan sareng panghampura dosa disayagikeun kangge sadaya bangsa (Luk 24:46,47). Hal ieu anu kedah diwartakaeun ka sadaya bangsa.
(PurT)