GUSTI ALLAH TEH CAANG

ROHANG UTAMA


GUSTI ALLAH TEH CAANG

Gusti Allah teh caang. Kitu saur Kitab Suci. Ku naon disebat yen Gusti Allah teh caang? Ku margi di Gusti Allah mah teu aya poek. Malih cahya anu di sawarga sanes caang ku panon poe, bulan, atanapi bentang- bentang, tapi ku kamulyaan Gusti Allah. Nu jadi sumber caangna nyaeta Gusti Allah ku Manten. Eta margina disanggemkeun yen Gusti Allah teh caang.

Ku margi Gusti Allah teh caang, sing saha bae anu ngiring ka Gusti Allah mah hirupna oge kedah janten caang. Upami aya jalmi anu ngangken percanten ka Gusti Allah tapi hirupna henteu caang, eta jalmi saleresna tukang bohong. Ku margi Gusti Allah mah caang, nya sakedahna anu percanten ka Gusti Allah teh hirupna kedah caang.

Eta margina Gusti Allah nyanggemkeun ka para pangiring-Na, “Aranjeun teh caangna dunya.” Naon maksadna caangna dunya teh? Maksadna sadaya pangiring Gusti kedah janten caang, nyaangan ka nu poekeun, maparin conto, maparin tuladan supados batur henteu sasab, henteu poekeun jalan.

Upami urang dipercanten janten caangna dunya, atuh emutan urang, cariosan urang, paripolah urang teh kedah janten picontoeun batur. Urang kedah maparin caang tur pituduh kanggo pijalaneun batur.

Pangersa Gusti mah urang janten caangna dunya ku margi Gusti uninga yen kaayaan ieu dunya teh beuki jahat, beuki poek, beuki rea jalma anu poekeun, teu apal mana anu leres, mana anu awon, teu terang jalan ka mana. Eta margina urang kedah nyaangan aranjeunna.

ir ibarat kapal anu balayar di laut teu terang jalan ka basisir, eta kapal kedah dituyun ku caang anu aya di basisir nu namina mercusuar. Upami nangkoda kapal nurut kana panungtun caang ti basisir, kapalna baris dugi ka basisir kalayan salamet. Kitu deui dina kahirupan manusa, upami hoyong salamet kedah kersa ditungtun ku caangna Gusti ngalangkungan Pangandika Gusti.

Gusti oge mikersa yen caang urang teh ulah ditutupan. Upami caang urang ditutupan mah moal aya mangpaatna keur batur. Sabalikna caang urang kedah disimpen di tempat anu luhur supados tiasa katingal ku batur. Tapi upami ditutupan mah kumaha atuh batur tiasa ningal caangna.

Naon maksadna caangna ditutupan? Urang anu tos terang jalan anu caang, jalan anu matak salamet, tapi henteu ngawartosan ka batur, henteu balaka, henteu nyarios, kalah cicing wae, eta hartina nuju nutupan caang. Padahal Gusti miharep pisan sangkan urang sadayana ngabewarakeun caang ti Mantenna nya eta Beja Kabungahan.

Seueur jalmi anu alim ngabewarakeun Beja Kabungahaan atanapi nyaangan batur jalaran sieun. Sanes teu tiasa tapi alim. Sanes teu tiasa tapi teu wantun.

Ku naon bet teu wantun? Ku margi anjeunna henteu siap nanggung resikona. Jalmi anu siap nyaangan batur, resikona bisa dipikangewa, dimusuhan ku batur. Bisa oge dikaniaya ku batur malah mah dugi ka ditelasan.

almi anu henteu siap nampi resiko nyaangan batur tungtungna caangna ditutupan. Padahal urang anu siap nyaangan batur dijamin ku Gusti. Najan salembar rambut urang moal tiasa ragrag upami henteu diwidian ku Gusti. Gusti oge jangji yen jalmi anu siap nyaangan batur ku jalan ngabewarakeun Beja Kabungahan, Mantenna baris nyarengan dugi ka tungtung jaman.

Kumaha carana sangkan urang tiasa teras nyaangan batur? Saleresna urang kedah campur gaul di masarakat, urang ngiring ilu biuang dina sagala kagiatan masarakat, supados masarakat tiasa ningal kumaha cariosan urang, sikep urang, paripolah urang. Upami masarakat ningal conto anu sae, tuladan anu sae anu dipintonkeun ku urang, masarakat tiasa ningal caangna kahirupan urang di tengah-tengah masarakat.

Conto anu gampangna, upami aya kagiatan beberesih di lingkungan, urang oge kedah ilu biung dina eta kagiatan beberesih. Malih upami masarakat henteu ngayakan kagiatan beberesih, urang anu kedah ti payun nyontoan beberesih di lingkungan sabudeureun urang supados janten conto anu sae, nyaangan ka batur.

Anu sanesna, urang tiasa ngaberkahan lingkungan urang ku berkah anu katampi ku urang. Urang tiasa babagi ka masarakat ngalangkungan berkah anu katampi ku urang sangkan katingal kumaha sikep urang anu daek mere maweh henteu pelit ka sasama.

Cariosan urang oge kedah janten berkah, ulah pedah letah teu tulangan, nyarios sakahoyong. Aya babasaan dina paripaos Sunda anu nyanggemkeun, abong biwir teu diwengku, dasar letah teu tulangan, nyarios sangeunahna anu matak pikanyerieun batur. Tah, anu sapertos kitu teu kenging dilampahkeun.

Sabalikna cariosan urang kedah janten cariosan anu ngawangun, anu nengtremkeun hate, anu ngiatkeun ka batur. Ngalangkungan cariosan urang anu sae, batur tiasa ningal sareng nguping.

Basa anu dianggo ku urang oge kedah anu sae, ulah nganggo basa anu kasar. Ku margi upami urang nyariosna kasar, batur tiasa janten kasinggung ku kekecapan atanapi cariosan urang. Urang kedah nganggo basa anu lemes, basa anu sae da basa mah teu meuli, kitu saur para sepuh oge.

Sagala rupi tiasa kajantenan ngalangkungan cariosan urang. Eta margina dina babasaan Sunda aya nu nyanggemkeun hade ku omong goreng ku omong. Ku margi kitu urang kedah ngajaga cariosan urang. Cariosan urang kedah janten conto sareng tuladan anu sae.

Anu salajengna urang oge kedah janten caang sareng tuladan dina emutan. Seueur jalmi anu pondok emutanana, henteu diemut deui naon akibatna upami hal eta dilampahkeun. Ku margi kitu salaku jalmi anu kedah nyaangan batur, urang kedah panjang emutan, ulah gurung gusuh teu puguh dina mutuskeun salagala rupina. Sabalikna kedah dibeuweung diutahkeun heula samemeh urang nyandak kaputusan.

Upami urang tos tiasa nyaangan batur dina emutan, cariosan sareng sikep paripolah, urang tiasa janten conto sareng tuladan anu sae. Pangersa Gusti Allah sangkan urang janten caangna dunya tiasa kacumponan ngalangkungan diri urang. Ku margi kitu salaku pangiring Gusti anu tos nampi caang sareng dipaparin caang ku Mantenna, tos sakedahna urang nyaangan dunya di sabudeureun urang, ngahibaran anu poek.

Ngalangkungan kahirupan urang anu tos jadi caang, urang tiasa nyalametkeun seueur jalmi anu nuju poekeun milarian jalan anu caang, milarian jalan kasalametan. Wilujeng janten caangna dunya!


Salam ti Kang Aam di Nusasari tea!