Bilangan 14:1-4
Bubuka
Aya hiji pepeling dina basa Indonesia anu kieu:
Hanya keledai yang jatuh dua kali di lubang yang sama. Ieu pepeling ngandung harti yen urang kedah diajar tina pangalaman hirup, sabab mung jalma bodo anu mindo kasalahan anu sami.
Asa piraku kadanguna mah, tapi dina kanyataanana, seueur jalmi anu midamel kalepatan anu sami, kitu deui, kitu deui, margi henteu diajar tina kalepatanana. Ieu pepeling sami sareng kaayaan bangsa Israil anu sering milampah kasalahan anu ngalantarankeun Gusti Allah bendu.
Urang bade diajar tina salah sahiji kajantenan anu kaalaman ku bangsa Israil, nyaeta nalika nabi Musa ngutus dua belas mata- mata ka tanah Kanaan. Dawuhan Gusti, kieu ungelna: Teras sadayana jalma-jalma ngagorowok sareng jalma-jalma ceurik wengi eta. Sakabeh Israil gumujeng ka Musa jeung Harun; jeung sakabeh jalma ngomong ka aranjeunna, “Aduh, urang kudu maot di tanah Mesir, atawa di gurun ieu! ditawan? Naha langkung-langkung urang balik deui ka Mesir?” Jeung aranjeunnangomong ka silih, “Hayu urang nunjuk pamingpin jeung balik ka Mesir.” (Bil 14:1-4)
Bangsa Israil mopohokeun kasaean Gusti Allah
Kajadian anu dicatet dina kitab Bilangan pasal 14 lumangsung kira-kira satengah taun sanggeus bangsa Israil ningali kakawasaan Gusti Allah.
Tapi naha aranjeunna bet jadi cangcaya ka Gusti? Ku sabab aranjeunna museur kana laporan anu goreng ti sapuluh mata-mata anu diutus ku nabi Musa ka tanah Kanaan.
Sabada ngadangu eta warta goreng aranjeunna jadi sieun tur ngageter. Aranjeunna oge mopohokeun kana pitulung Gusti Allah.
Disebutkeun “eta jelema-jelema” (ayat 1) hartina aya seueur urang Israil anu sarieuneun lebet ka tanah Kanaan. Henteu mung eta, aranjeunna kalah ngalepatkeun Gusti Allah, sabab panyangkana mah hirup susah teh ku karana Mantenna.
Numutkeun aranjeunna, “Jang naon urang teh ku PANGERAN digiring ka eta tanah?” (Bil 14:3). Aranjeunna nyarita kitu sabab ngadangukeun laporan goreng ti sapuluh mata- mata tinimbang ngadangukeun dua mata- mata sanes anu masihan laporan anu sae.

Laporan nu sae mah netelakeun yen sanajan aranjeunna laleutik, Gusti Allah baris nyarengan ka aranjeunna. Harita aranjeunna oge inget kumaha kahirupanana di Mesir baheula.
Aranjeunna kukulutus, “Mending ge paeh bareto di Mesir, atawa mending paeh di dieu keneh di tanah gurun!” (ayat 2). Pamikirna mah di Mesir leuwih hade sanajan hirup salaku budak oge.
Ieu bangsa teu sadar yen aranjeunna dikaluarkeun ku Gusti Allah tina kasangsaraan di Mesir teh marek dipaparin kahirupan anu leuwih hade. Upama nilik kana kaayaan urang Israil di Mesir, saleresna aranjeunna kacida sangsarana jalaran dibudakkeun.
Malah eta kasangsaraan ngajadikeun aranjeunna sasambat ka Gusti Allah sangkan dileupaskeun tina perbudakan di Mesir. Paneda aranjeunna dimakbul ku Gusti Allah.
Mantenna ngutus nabi Musa pikeun mingpin urang Israil kaluar ti Mesir. Sarta dina lalampahan aranjeunna, henteu kantos dikantunkeun ku Gusti Allah. Pitulung Gusti Allah eces jentre katembong dina kahirupan aranjeunna.
Kitab Bilangan pasal 14 nyatetkeun riwayat bangsa Israil patali jeung dua belas mata-mata anu diutus ku nabi Musa pikeun nalungtik nagri Kanaan. Ieu pasal nyaritakeun gegelenengna urang Israil.
Kieu ceuk aranjeunna, “Jang naon urang teh ku PANGERAN digiring ka eta tanah? Perang moal teu eleh, anak pamajikan dijabel. Kumaha lamun urang baralik deui bae ka Mesir?” Terus maranehna baradami, “Hayu urang pilih pamingpinna, sina mawa urang ka Mesir deui!” (ayat 3-4).
Bangsa Israil ngadenge ti sapuluh mata- mata anu ngalaporkeun rupa-rupa hal anu matak pikasieuneun. Malah Yosua jeung Kaleb diancam sarta rek dibaledogan ku batu (ayat 10).
Namung Gusti Allah ngebrehkeun kawasa-Na ka urang Israil anu kukulutus tea. Mantenna mintonkeun kamulyaana-Na di Kemah Tepangan (ayat 10).
Gusti Allah kalintang kuciwana sarta pohara benduna ka urang Israil anu baredegong, sanajan geus katempo kamulyaana-Na, tanda- tanda mujijat-Na di Mesir jeung di gurun keusik. Aranjeunna hayoh wae ngadoja kasabaran Gusti Allah (ayat 22).
Balukarna, aranjeunna bakal maot nalika ngumbara 40 taun di gurun keusik. Jalma anu umurna 20 taun ka luhur pasti moal asup ka Tanah Perjangjian (ayat 29, bandingkeun Yosua 5:6). Tapi di sapengkereun eta, Gusti mah tetep satia. Sabab salian ti mangrupa hukuman, lalampahan arajeunna di gurun keusik teh minangka persiapan pikeun nyanghareupan pangeusi Kanaan, anu kedah ditalukkeun.

Pangalaman teh guru anu pangsaena
Gusti Allah ngaberkahan, ngaraksa tur nangtayungan urang Israil dina jalan ka tanah Kanaan. Sakedahna aranjeunna teu pantes kukulutus jeung sieun nyanghareupan bangsa nu ngamusuhan.
Pangalaman aranjeunna disarengan ku Gusti ngabuktikeun asihing tur kakawasaan Mantenna. Pamohalan aranjeunna sanggup nyanghareupan pasualan anu aya, anu kalintang beuratna.
Padahal kanggo Gusti mah hamo aya pasualan anu beurat. Aranjeunna henteu sadar yen kawasa Gusti mah langkung punjul, sabab Mantenna mah Mahakawasa.
Tapi urang Israil malah rek milari pamingpin anyar anu bakal mingpin aranjeunna mulang ka Mesir. Urang Israil anu kasieunan teh hilap kana sagala kasaean Gusti. Aranjeunna henteu percaya deui kana pitulung Mantenna.
Urang Israil kuduna diajar tina eta pangalaman, sangkan aranjeunna gaduh kawani pikeun ngalengkah nyanghareupan masalah- masalah nu aya di payuneunana. Aranjeunna kedah sadar yen pangalaman mangrupikeun
guru anu pangsaena. Hartina, hirup teh kedah dibekelan ku pangalaman sangkan sae; kasalahan anu geus dilakonan henteu dipindo.
Jalaran seueur pangalaman, hirup jalma bakal leuwih bijaksana. Hanjakalna, urang Israil henteu ningali pangalamanana sinareng Gusti Allah. Aranjeunna mung emut kana kahayangna wae.
Pikeun Lenyepaneun
Pangalaman urang Israil maparin pangajaran yen masalah mah salawasna aya dina kahirupan urang. Sanajan urang Israil teh umat pilihan Gusti, kahirupan aranjeunna oge henteu lesot tina masalah.
Urang oge diajar cara ngungkulan masalah. Urang Israil lepat dina ngungkulan masalah anu dipayuneun ku aranjeunna. Ku kituna aranjeunna dihukum ku Gusti. Pangalaman aranjeunna sareng Gusti kedah ngajantenkeun aranjeunna gaduh kayakinan yen Gusti nyarengan dina nyanghareupan masalah anu tumiba.
Jalma anu percaya ka Gusti, upami pareng nyorang masalah hirup, saleresna tiasa metik pangajaran anu sae pikeun kahirupan di mangsa nu bakal datang. Anjeunna kedah beda dina ningali masalah kahirupanana, upami anjeunna ngandel ka Gusti nu Mahakawasa.
Jalma anu percaya ka Gusti, dina unggal masalah sarta perjuangan, masing yakin yen Gusti Allah barang damel dina kahirupanana. Sakumaha rasul Paulus dina Surat Rum pasal 8 ayat 28, anu kieu ungelna: “Urang terang, sagala perkara ku Gusti Allah diatur sina alus pijadieunana pikeun sakur anu cumantel ka Mantenna, anu ku Mantenna geus disalaur sakumaha tujuan Mantenna.”
Ku: Bpk. David S., S.Th.