Golodog Panto
Caang Nu Sajati
Hiji poe wanci tunggang gunung, Dudi jeung Jaka keur ngawangkong di pos jaga deukeut imah Dudi. Sabot kitu jol Abah Pirman nyampeurkeun.
“Wilujeng sonten, Bah...,” ceuk Jaka jeung Dudi bari uluk salam.
“Sore... sore...,” tembal Abah Pirman, “keur ngagawekeun pancen sakola ieu teh? Hampura we lamun kaganggu ku Abah mah.”
“Oh... henteu, Bah,” ceuk Dudi bari
imut.
“Teu kaganggu, puguh asa kabeneran
kasumpingan ku Abah teh,” ceuk Jaka nyambung.
“Wah... na aya naon kitu?” tanya Abah
Pirman.“Kieu, Bah... Dudi teh enjing rek pindah ka kota,” tembal Jaka. “Tah, pan pergaulan di kota mah leuwih bahya, jadi kudu ati-ati. Kitu sanes, Bah?”
“Pamikiran Jaka teu salah,” ceuk Abah Pirman. “Sabenerna mah boh di kota boh di kampung sarua keneh, utamana ku ayana gadget, kabeh bisa ditempo tina HP.”
“Muhun, Bah, abdi pasti bakal bisa ngurus diri di kota,” tembal Dudi, “sangkan ulah kabawa ku sakaba-kaba.”
“Pesen Abah, di mana wae urang ayana, kudu jadi caang,” ceuk Abah Pirman bari nepak taktak Dudi.
“Kumaha maksudna, Bah?” tanya
Dudi.
“Jadi caang teh hartina milampah hirup
anu mintonkeun kaasih Gusti Isa Almasih,” tembal Abah Pirman. “Hirup nu pinuh ku kaasih bisa dilampahkeun ku sakur jalma anu geus dibebaskeun tina hukuman langgeng ku Gusti Isa Almasih, nyaeta ku getih Mantenna anu ngucur dina kai dipalang.”
Samemehna mah manusa teh cicing dina hirup nu poek, pinuh ku dosa, baris nampa hukuman langgeng. Tapi ku sabab kurban Isa Almasih dina kai dipalang, manusa anu percaya ka Mantenna teh dijait ti nu poek dicandak ka nu caang, dibebaskeun tina hukuman sarta meunangkeun hirup langgeng.
“Oooh..., ayeuna mah kaharti,” ceuk Dudi, “urang nu geus percaya ka Gusti Isa Almasih mah hirupna kudu mintonkeun kaasih Gusti ka batur, kitu nya, Bah?”
“Enya, kitu... bener,” ceuk Abah Parmin, “hirup urang kudu beda, sabab geus disalametkeun, geus ditebus. Masing jadi jalma nu cahyaan sangkan hirup ngamulyakeun Gusti Allah.”
Piwuruk Gusti Yesus, kieu ungelna: “Eta caang cahayaan gumebyar di nu poek, ari poek teu bisaeun mareuman eta caang.” (Yohanes 1:5). Ku margi urang sadaya kedah janten anak nu caang meh tiasa nyaangan kahirupan anu poek, kumargi Gusti dimulyakeun.
Para Pamaos, ieu pedaran bade ngabahas kahirupan jalma anu kedah janten caang, ku sabab Gusti Yesus parantos nyalametkeun urang sadaya tina kahirupan anu poek. Hirup janten caang tangtos bakal janten berkah keur batur, sarta Gusti Allah dimulyakeun. Sumangga para pamaos neraskeun maca kaca-kaca salajengna.