BALIK DEUI KA MESIR

ROHANG UTAMA


Dina kahirupan sadidinten, henteu jarang urang mendakan aya jalmi anu masih keneh sok hoyong uih deui kana kahirupanna nu heubeul. Sumawonna upami dina kahirupan anu enggalna anjeunna ngalaman kaayaan anu matak ripuh.

Upamana bae aya jalmi anu kaluar ti panjara. Di panjara anjeunna nyebatkeun tobat moal sakali-kali deui midamel naon anu dipidamel kapungkur. Nalika anjeunna aya dina kahirupan nyata, tekad tobatna leres-leres diuji.

Kaluar ti panjara anjeunna hoyong midamel hirup nu sae. Ngalamar damel ka ditu ka dieu, kalah ka sesah. Jabi upami batur tarerangeun yen anjeunna kasebutna residivis, seueur pausahaan atanapi kantor alim nampi padamel anu tilas narapidana mah.

Kaayaan sapertos kitu anu biasana ngajantenkeun seueur jalmi anu tos gaduh patekadan sae, tungtungna teu kiat mayunan kanyataan hirup. Ahirna anjeunna kapaksa uih deui midamel naon anu kapungkur dipidamel.

Janten sok aya paripaos anu nyanggemkeun yen anjing mah balik deui kana utahna, babi balik deui kana kubanganana. Hartosna eta jalmi uih deui kana kabiasaanana anu lami. Anjeunna henteu tiasa robih, ku margi kabengbat deui ku kabiasaan heubeul.

Dina Kitab Suci oge aya carios ngeunaan hiji bangsa ageung, umat pilihan Gusti. Umat pilihan Gusti ieu mindeng pisan ngarempak papakon Gusti, ngalawan ka Gusti. Mindeng pisan ieu umat Gusti nampi bebendon ti Gusti, ku margi ngalawan kana pangersa Gusti.

Sapertos anu kaalaman dina hiji waktos nalika Bapa Musa miwarang 12 utusan kanggo ngintip tanah anu bade dipaparinkeun ku Gusti kanggo umat pilihan Gusti. Ieu dua welas utusan dipiwarang ngintip ka nagri Kanaan.

Aranjeunna kenging pancen nalungtik kaayaan di eta nagri, kumaha kahirupan jalma- jalmana, kumaha kakuatan perangna, sarta naon wae hasil tanahna. Tanah anu saur Gusti ceuyah ku susu jeung madu. Eta tanah anu bade dipaparinkeun ku Gusti kanggo umat-Na.

Dua welas utusan Bapa Musa anu dipiwarang ngintip eta tanah, nalungtik kalayan taliti pisan. Sajaba ti eta dua welas utusan teh nyandak hasil bumi ti tanah anu diarintip ku aranjeunna. Saberesna ngintip tanah Kanaan, eta dua welas utusan tea ngalaporkeun hasil ngintipna ka Bapa Musa sareng ka umat pilihan Allah.

Kieu cariosna: Sanggeus beres ngintipna nepi ka opat puluh poe, mata-mata teh marulang ka bangsana. Ka Musa, Harun jeung bangsa Israil di tanah gurun Paran wewengkon tanah Kades. Sagala papanggihanana ditepikeun bari nembongkeun bubuahan babawaanana.

Kieu pupulihna ka Musa. “Eta tanah parantos disidikkeun. Kaayaanana beunghar sareng subur. Ieu ngabantun bubuahanana saeutik. Mung jalmi-jalmina kacida baredasna. Kota-kotana nya arageung nya wareweg, dikuta kuat sakurilingna.

Kajabi ti kitu di ditu teh aya suku bangsa anu jarangkung gede. Palih kidul dicicingan ku urang Amalek. Pagununganana dicicingan ku urang Het, urang Yebus sareng urang Emor. Tempat-tempat sapanjang basisir Laut Tengah sareng sapanjang Walungan Yordan dicicingan ku urang Kanaan.”

Ti dinya Kaleb ngarepehkeun jelema-jelema anu mimiti ngageder nembongkeun kateupanujuna ka Musa. Kieu ceuk Kaleb, “Urang rurug eta tanah teh, urang rebut tangtu beunang ku urang.”

Tapi ceuk nu sejen-sejenna anu arindit jeung Kaleb, ngaromongna teh kieu: “Urang moal kuat ngarurug kaditu. Urang ditu teh baredasna leuwih ti urang.”

Saterusna maranehna nyebarkeun carita palsu ka urang Israil perkara hasil lolongokna ka eta tanah. Majar: “Hasil eta tanah teh keur pribumina oge teu matak mahi. Jalma-jalmana jararangkung pisan, malah diditu teh loba raksasa turunan bangsa Enak. Dibanding jeung itu, urang mah mani asa sagede simeut. Moal teu kitu itu ge nganggapna ka urang.”

Sapeupeuting eta jelema-jelema teh gawena tinggorowok jeung nembongkeun kasusah. Seug ngarasula ka Musa jeung Harun.

Pokna, “Mending ge paeh bareto di Mesir, atawa mending paeh di dieu keneh di tanah gurun! Jang naon urang teh ku PANGERAN digiring ka eta tanah? Perang moal teu eleh, anak pamajikan dijabel. Kumaha lamun urang baralik deui bae ka Mesir?”

Terus maranehna baradami, “Hayu urang pilih pamingpinna, sina mawa urang ka Mesir deui!”

Tina ieu carios urang tiasa ningal kumaha sikep umat pilihan Gusti. Nalika mayunan tangtangan, hahalang, pasualan, aranjeunna henteu gumantung ka Gusti, henteu percanten ka Gusti, henteu nyuhunkeun tulung ka Gusti. Sabalikna aranjeunna hoyong aruih deui ka tanah Mesir, ka nagri tur bangsa anu nganiaya, nyangsarakeun, tur ngajajah ka aranjeunna.

Padahal mah aranejunna geus dicandak kaluar ku Gusti tina kasusah, kasangsaraan di Mesir. Umat-Na teh ku Gusti bade dipernahkeun di hiji tanah anu subur mamur, gemah ripah loh jinawi, anu ceuyah ku susu jeung madu.

Tapi ieu umat pilihan Gusti henteu kersa tumut kana jangji Gusti. Aranjeunna kalah ka langkung sieun ku kaayaan anu kedah dipayunan.

Eta umat Gusti kalah langkung sieun ku manusa dibandingkeun tumut ka Gusti. Padahal aranjeunna geus dijait ku Gusti tina kasusahan di Mesir. Gusti ku Manten parantos nungtun umat pilihan Gusti meuntasan laut ku cara lautna dibeulah, dugi ka aranjeunna tiasa meuntasan laut anu geus garing.

Sanaos geus ningal kumaha kawasana Gusti dina nuyun umat-Na, ieu umat pilihan Gusti teu kersa tumut nalika dipiwarang ngarebut tanah anu geus dijangjikeun ku Gusti kanggo umat-Na tea. Aranjeunna kalah ka kasieunan ku bangsa-bangsa anu nyaricingan eta tempat, sarta milih mundur, hoyong aruih deui ka Mesir.

Hal ieu nembongkeun ka urang yen seueur jalmi upami mayunan pasualan, tangtangan, teh sanes umandel ka Gusti, tapi ngandel kana kakiatan nyalira. Sapertos ieu umat pilihan Gusti, geus dipaparin jangji bakal kenging eta tanah. Aranjeunna oge dipaparinan jangji yen baris disarengan ku Gusti sarta eta panyarengana-Na geus kabukti.

Tapi aranjeunna keukeuh hoyong aruih deui ka Mesir. Aranjeunna henteu wantun mayunan tangtangan, masalah, ku margi aranjeunna henteu ngandel ka Gusti.

Diajar tina ieu pangalaman, urang anu hirup di jaman kiwari geus sakedahna teras gumantung ka Gusti. Urang kedah teras nyepeng jangji Gusti, ku margi Gusti mah hamo sulaya. Masing yakin yen Gusti mah satia kana jangji-Na.

Sagala rupi pangabutuh urang anu saluyu jeung pangersa Gusti tangtos dicumponan ku Mantenna. Anu janten saratna nyaeta urang kedah taat, satia, sarta teras gumantung ka Gusti. Ku margi di luar Gusti mah urang teu tiasa naon- naon.

Hayu urang langkung soson-soson deui ngandel ka Gusti. Gusti ngaberkahan!


Salam ti Kang Aam di Nusasari tea.